Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
31 Desember
nyaeta poe ka-365 dina sataun (ka-366 dina
taun kabisat
) dina
kalender Gregorian
, mangrupa poe panungtung taun.
- 870
? Patempuran Englefield: Urang
Viking
patelak jeung menak Æthelwulf ti Berkshire. Para panyerang kadeseh mundur (ka Anglia Wetan), rea urang
Danes
(urang Viking karuhun urang
Denmark
) palastra.
- 1759
? Arthur Guinness mimiti ngajieun bir
Guinness
.
- 1775
? Perang Revolusioner Amerika: Patempuran Quebec: Pasukan Inggris hasil nadah serangan ti Tentara Kontinental pingpinan Jendral Richard Montgomery.
- 1790
?
Efimeris
, koran
Yunani
pangkolotna nu masih keneh medal nepi ka kiwari, munggaran dipedalkeun.
- 1878
? Karl Benz, nu gawe di Mannheim,
Jerman
, ngajukeun paten pikeun mesin dua piston nu geus karuhan jalan, sarta hasil meunang patenna di taun 1879.
- 1944
?
Perang Dunia II
: Hongaria nyatakeun perang ka
Nazi
Jerman.
- 1944 ? Perang Dunia II: Operasi Nordwind, serangan utama
Wehrmacht
(pasukan gabungan Nazi) ka Garis Hareup Barat dimimitian.
- 1946
? Presiden
Harry S. Truman
sacara resmi ngabewarakeun rengsena mumusuhan dina Perang Dunia II.
- 1951
?
Perang Tiis
:
Marshall Plan
lekasan sabada ngabagikeun leuwih ti AS$13,3 miliar bantuan luar nagri pikeun ngawangun deui
Eropa Kulon
.
- 1963
? Federasi Afrika Tengah sacara resmi bubar, satuluyna jadi
Zambia
,
Malawi
jeung
Rhodesia
.
- 1968
? Tupolev Tu-144 ngapung munggaran, pasawat transportasi sipil supersonik munggaran di dunia.
- 1986
? Kahuruan di Hotel Dupont Plaza di San Juan,
Puerto Riko
nelasan 97 jalma sarta nyideraan 140 sejenna.
- 1992
?
Cekoslowakia
bubar sacara damey, nu nelah ku media minangka Pipisahan Buludru, ngahasilkeun diadegkeunna
Republik Ceko
jeung
Republik Slowakia
.
- 1994
?
Perang Chechnya Kahiji
: Pasukan Darat
Rusia
ngamimitian hiji serangan Taun Anyar ka
Grozny
.
- 1998
? Mekanisme Niley Tuker Duit ?Eropa ngabekukeun niley mata duit sah di Zona
Euro
, sarta ngadegkeun mata duit euro.
- 1999
? Presiden kahiii Rusia,
Boris Yeltsin
, mundur tina pamarentahan, ngabalukarkeun PM
Vladimir Putin
jadi pajabat Presiden sarta panggantina.
- 1999
? Pamarentah AS nyerenkeun pangokolaan
Terusan Panama
(oge lahan sabudeureunna nu katelah Zona Terusan Panama) ka
Panama
. Tindakan ieu nedunan kasapukan Torrijos - Carter taun nu diteken taun 1977.
- 1999
? Pangbajoan pasawat
Indian Airlines
814 rengse sabada tujuh poe ku dibebaskeun 190 panumpang di Bandara Kandahar, Afghanistan.
- 2000
? Poe panungtungan
abad 20
jeung milenium ka-2.
- 2004
? Pangbukaan resmi
Munara Taipei 101
, pangluhur-luhurna panyakar langit di dunia mangsa harita, jangkungna 509 meter.
- 2009
? Boh bulan biru boh gerhana bulan lumangsung babarengan.
- 2010
? Sababaraha Pucuk Angin narajang kulon tengah jeung kidul
Amerika Sarikat
, kaasup Wilayah Bagean
Washington
,
Arkansas
;
St. Louis
,
Sunset Hills
,
Missouri
,
Illinois
jeung
Oklahoma
, katambah ku sajumlah leutik pucuk angin sawatara jam samemehna. Kabehna aya 36 pucuk angin nu narajang, ngabalukarkeun salapan urang palastra sarta karusakan saharga $133 juta.
- 2018
? Tilu puluh salapan jalma palastra sanggeus bangunan sapuluh tingkat di kota industri Rusia, Magnitogorsk rubuh.
Poe pere / poe panginget-nginget
[
edit
|
edit sumber
]
|
Artikel ngeunaan
kalender
ieu mangrupa
taratas
, perlu disampurnakeun. Upami saderek uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo
ngalengkepan
.
|