3 Mei

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca oge: Kalender kajadian

3 Mei nyaeta poe ka-123 dina sataun (ka-124 dina taun kabisat ) dina kalender Gregorian , sesana 242 poe.

Kajadian [ edit | edit sumber ]

  • 1616 ? Perjangjian Loudun mungkas Perang Sipil Perancis .
  • 1715 ? Samagaha panon poe pinuh kasawang di Eropa Kaler sarta Asia Kaler, sakumaha geus diramalkeun ku Edmond Halley , wancina ngan geseh 4 menit.
  • 1791 ? Konstitusi 3 Mei (konstitusi modern nu munggaran di Eropa), diproklamirkeun ku Sjem (parlemen) Pasamakmuran Polandia-Lithuania .
  • 1802 ? Washington, D.C. dirasmikeun minangka hiji kota.
  • 1808 ? Perang Finisia : Swedia kaleungitan Benteng Sveaborg ka Rusia.
  • 1815 ? Perang Neapolitan : Joachim Murat, Raja Naples kasoran ku Austria dina Patempuran Tolentino.
  • 1830 ? Jalan kareta Canterbury jeung Whitstable dibuka; jalan munggaran nu digunakeun ku kareta uap nu medalkeun tiket musiman sarta ngabogaan torowongan.
  • 1855 ? Pangjalajah Amerika, William Walker , miang ti San Fransisco dibaturan ku 60 urang piekun nalukkeun Nikaragua.
  • 1921 ? Akte Pamarentahan Irlandia Taun 1920 disahkeun, ngabagi dua Irlandia jadi Irlandia Kaler jeung Irlandia Kidul.
  • 1928 ? Insiden Jinan dimimitian ku maotna dua welas urang sipil Jepang ku pasukan Cina di Jinan, Cina, nungtun kana pangwalesan Jepang dina poe isukna.
  • 1937 ? Margaret Mitchell meunangkeun Hadiah Pulitzer pikeun novelna " Gone With the Wind ".
  • 1942 ? Perang Dunia II : Angkatan Laut Jepang nyerang Pulo Tulagi jeung Kapuloan Solomon dina babak kahiji Operasi Mo nu ngakibatkeun Patempuran Laut Koral antara Jepang ngalawan AS jeung Australia.
  • 1945 ? Perang Dunia II: Kapal-kapal Jerman nu pinuh ku tahanan perang,   Cap Arcona , Thielbek jeung Deutschland diserang ku Angkatan Udara Karajaan Inggris di Basisir Lubeck, 5.800 urang palastra.
  • 1947 ? Konstitusi bada perang Jepang mimiti lumaku, ngajamin kana pamulungan sora universal, nyabut sakabeh kakawasan Kaesar Hirohito kajaba ngan simbolis wungkul.
  • 1960 ?Museum Gedong Anne Frank dibuka di Amsterdam , Walanda.
  • 1978 ? Surel saudug-udug nu teu dipikahayang (kadieunakeun nelah ku sebutan “ spam ”) dikirimkeun ku bagean pamasaran Pausahaan Digital Equipment ka unggal alamat ARPANET di sapanjang basisir kulon AS.
  • 1985 ? Ellyas Pical ngarebut gelar juara dunia tinju kelas bantam yunior IBF ti tukang tinju Korea Kidul, Judo Chun.
  • 1986 ? Dua puluh hiji urang palastra sarta 41 tatu sabada bom ngajelegur dina Pasawat Air Lanka 512 di Bandara Kolombo, Sri Langka.
  • 1987 ? Tabrakan ku Bobby Allison dina Jalan Supercepet Talladega, Alabama, nungtun kana digunakeunna pelat panghambat ku NASCAR dina usum satuluyna boh dina Daytona boh dina Talladega .
  • 1999 ? Bagean wetan kidul Kota Oklahoma ancur alatan tornada F5, nelasan 45 jalma, nyideraan 665 lianna sarta ngakibatkeun karusakan saharga $1 miliar. Tornado ieu oge ngahasilkeun angin nu pangcepetna nu kungsi kacatetkeun, kaitung kana 301 +/- 20 mpj (484 +/- 32 km/j).
  • 2001 ? Amerika Sarikat leungiteun korsina dina Komisi Hak Asasi Manusa PBB dina kala kahijina ti saprak komisi eta diadegkeun di taun 1947.
  • 2002 ? MIG-21 nu Angkatan Udara India murag niban hiji bank di Jalandhar, nelasan dalapan jalma sarta nyideraan 17 lianna.
  • 2007 ? Budak awewe umur tilu taun, Madeleine McCan, urang Inggris, leungit di Praia da Luz , Portugal, ngamimitian kajadian “paling diwartakeunna kasus jalma leungit dina sajarah modern”.
  • 2013 ? Aorun zhaoi , hiji dinosaurus Theropod , ti mangsa 161 juta taun katukang katimu di Tionghoa.
  • 2015 ? Dua jalma mesatkeun usaha panyerangan dina kagiatan anti-Islam di Garland, Texas , nu diayakeun dina raraga ngarespon kana panembakan Charlie Hebdo .
  • 2016 ? Dalapan puluh dalapan rebu jalma dievakuasi ti imah-imahna di Fort McMurray, Alberta, Kanada, nalika kahuruan nerekab ka padumukan-padumukan, ngancurkeun kira-kira 2.400 imah jeung wangunan.
  • 2018 ? Pamarentahan Inda mastikeun kira-kira 110 jalma geus palastra dina badey lebu di Rajastan jeung Uttar Pradesh dina salapan poe katukang.
  • 2019 ? Angin puyuh Fani narajang Nagara Bagean Odisha, India sarta Bangladesh, nelasan 33 jalma sabada kajadian evakuasi jalma panggede-gedena ? 1,2 juta dina 24 jam.

Nu babar [ edit | edit sumber ]

Nu pupus [ edit | edit sumber ]

Poe pere / poe panginget-nginget [ edit | edit sumber ]

  • Poe Panon Poe
  • Poe Kabebasan Pers Dunia

Tumbu luar [ edit | edit sumber ]