Wikipedia : Bantahan umum

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris .
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun .

Wikipedia nyaeta ensiklopedi nemrak ( open-content ) online, anu hartina mangrupa hiji gempungan sukarela nu ngembangkeun hiji sumberdaya umum pangaweruh. Strukturna dijieun sangkan bisa dipake ku saha bae nu miboga sambungan Internet sarta browser World Wide Web pikeun ngarobah eusi nu kapanggih di dieu. ku sabab kitu, perlu dipikanyaho yen nu aya di dieu merlukeun ulasan para profesional husus nu memang kaweruhna dipikabutuh pikeun nyadiakeun informasi ngeunaan naon bae dina Wikipedia kalawan lengkep, akurat, sarta bisa dipercaya.

Eta hal teh teu ngandung harti yen Anjeun moal manggih informasi nu boga ajen sarta akurat dina Wikipedia , tapi oge, mugia kauninga yen Wikipedia TEU BISA ngajamin, dina jalan naon bae, sohehna informasi nu kapanggih di dieu. Eusina bisa cikeneh pisan robah, diruksak, atawa diganggu ku jalma sejen nu pamanggihna teu saluyu jeung jihat pangaweruh dina widang husus nu kabeneran keur dipaluruh ku Anjeun. Urang keur ngusahakeun cara pikeun milih sarta nyatujuan versi artikel nu bisa leuwih dipercaya, tapi tetep tanpa jaminan. Nu pangdeukeutna tina usaha ieu nyaeta ku ayana proses Wikipedia:Featured articles , tapi artikel nu eta ge bisa wae robah pas pisan memeh anjeun muka.

Teu saurang oge ti antara panulis, kontributor, sponsor, administrator, sysop, atawa singsaha wae nu patali jeung Wikipedia ku cara naon bae tanggung jawab kana nembonganana informasi nu teu bener atawa fitnah atawa pamakean anjeun kana informasi nu dikandung na atawa numbu ti kaca web ieu.

Anjeun geus dianggap ngarti yen sagala informasi nu aya di dieu teh disadiakeun kalawan bebas tur haratis, sarta teu aya perjangjian atawa kontrak naon oge anu dijieun antara Anjeun jeung pamilik atawa pamake situs ieu, pamilik server tempatna disimpen, pribadi kontributor Wikipedia , administrator proyek mana bae, sysop atawa singsaha bae nu ku jalan mana bae patali jeung proyek ieu atawa subyek proyek sister kana klaim Anjeun ka maranehna sacara langsung. Anjeun dibere ijin nu diwates pikeun nyalin sagala rupa nu aya dina ieu situs. Eta hal teu matak nyieun atawa nyababkeun kontrak naon bae atawa kontrak tambahan pikeun Wikipedia atawa agen, anggota, pangurus, atawa pamake sejenna.

Merk dagang, merk layanan, merks kolektif, hak desain, hak pribadi atawa hak sarupa anu disebutkeun, anu dipake atawa dikutip dina artikel tina Wikipedia nyaeta milik masing-masing nu bogana. Dipakena dina Wikipedia lain harti Anjeun bisa make pikeun tujuan lain salian pikeun eusi anu sarua atawa mirip dijieun ku panulis asli tia artikel Wikipedia ieu di handapeun lisensi GDFL. Iwal situs Wikipedia jeung Wikimedia nyebutkeun lain deui, anu teu dirojong atawa boga hubungan jeung salah sahiji nu nyepeng eta hak, sarta Wikipedia teu bisa mere hak pikeun make bahan-bahan lain anu dilindung. Dipakena unggal properti anu wujudna mirip atawa sarupa mangrupa resiko Anjeun .

Kudu dicatet yen informasi anu kapanggih di dieu mungkin bae ngalanggar hukum nagara atawa yurisdiksi ti tempat Anjeun ningali informasi ieu. Wikipedia teu ngadorong pikeun ngalanggar hukum naon bae, tapi lantara ieu informasi disimpen di nagara bagian Florida di Amerika , mangka sagala rupa eusina aya dina referensi panyalindungan Konstitusi Amerika Serikat di handapeun prinsip-prinsip Deklarasi Universal Hak Asasi Manusia ti Perserikatan Bangsa-Bangsa . Undang-undang di nagara Anjeun mungkin teu mikawanoh sacara lega panyalindung kabebasan nyarita minangka undang-undang Amerika Serikat atawa prinsip-prinsip Piagem PBB, sarta ku kituna Wikipedia teu bisa tanggung jawab kana potensi pelanggaran hukum samodel kitu kudu ditumbukeun kana domain ieu atawa make informasi anu dikandung dina ieu kaca.

Lamun anjeun perlu saran husus (contona, medis, hukum, finansial, atawa manajemen resiko) mangga geura panggihan profesional anu geus meunang idin atawa ngarti di widangna di wilayah eta. Baca Wikipedia:Bantahan resiko , Wikipedia:Bantahan medis , jeung Wikipedia:Bantahan hukum pikeun bantahan nu leuwih husus.

Wikipedia teh teu saragem dina proses ngulas artikelna sacara babarengan, bisa wae hiji artikel aya anu ngoreksi kasalahan atawa ngahapus saran anu salah. Maranehna teu boga kawajiban hukum pikeun ngalakukeun eta hal, nu matak sakabeh informasi anu dibaca di dieu teu dibarengan ku jaminan kaluyuan pikeun tujuan naoan wae atawa make naon wae.

No consequential damages can be sought against Wikipedia , as it is a voluntary association of individuals developed freely to create various open source online educational, cultural and informational resources. This information is being given to you gratuitously and there is no agreement or understanding between you and Wikipedia regarding your use or modification of this information beyond the GNU Free Documentation License ; neither is anyone at Wikipedia responsible should someone change, edit, modify or remove any information that you may post on Wikipedia or any of its associated projects.

Hatur nuhun parantos ngaluangkeun waktosna kanggo maos kaca ieu, mangga dihaturanan kanggo ngaraoskeun pangalaman di Wikipedia .