Wikipedia : Ngeunaan

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Wikipedia teh ensiklopedi nembrak , anu diserat rereongan ku jalmi-jalmi ti sakuliah dunya. Lokana mangrupa wiki , nu ngandung harti sing saha wae tiasa ngedit artikel cekap ku ngaklik menu edit . Wikipedia teh mangrupa merek kagungan Wikimedia Foundation, Inc.

Sajarah Wikipedia [ edit sumber ]

Pikeun leuwih jentre ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Sajarah Wikipedia .

Statistik [ edit sumber ]

Pikeun leuwih jentre ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Wikipedia:Statistik .

Nu icikibung dina Wikipedia ieu teh aya puluhan rebu kontributor , ngadamel langkung ti jutaan artikel dina langkung ti saratus basa . Dugi ka dinten ieu, atos aya 61.717 artikel basa Sunda ; unggal dintenna aya ratusan rebu jalmi anu muka Wikipedia ti sakuliah dunya, aya nu ngedit, aya nu ngadamel artikel anyar, oge aya nu ngaropea artikel-artikel dina ieu ensiklopedi. Taya watesan kanggo anu bade ilubiung, estu kanggo sadaya lapisan masarakat sarta sadaya lapisan umur (tingali Wikipedia:Kontributor Wikipedia ).

Sadaya kandungan Wikipedia ditangtayungan ku Lisensi Dokumen Bebas GNU (GFDL). Sadaya kontribusi tetep mangrupa kagungan nu ngarangna, sedengkeun GFDL ngajamin sangkan eusina tetep bebas kanggo disebarkeun/didistribusikeun sarta dilobaan (tingali embaran hak cipta sareng bantahan eusi ngarah langkung lengkep).

Nyungsi Wikipedia [ edit sumber ]

Loba nu datang ka ieu loka pikeun nyungsi jeung/atawa babagi pangaweruh. Sacara instan, artikel-artikel teh sakaligus pada diropea. Anjeun bisa ningali berendelan parobahanana dina kaca Nu anyar robah . Artikel anyar oge aya catetanana. Jalma-jalma nu kasang tukangna beda-beda mantuan Wikipedia nulis rupa-rupa artikel .

Wikipedia oge mibanda sababaraha proyek sawargi . Harepan ti para kontributor taya deui iwal ti ku hayang nyadiakeun embaran nu aya mangpaatna tur akurat keur nu sejen, sarta dina hal ieu proyek ieu ngabantuan pikeun ngoordinasikeun tarekah-tarekah ieu. lolobana artikel dimimitian ku artikel taratas heula, tapi sanggeusna loba kontribusi, artikel eta bisa jadi artikel petingan .

Lamun anjeun neangan embaran nembrak ngeunaan hiji subjek tapi hentu manggihannana dina Wikipedia, anjeun bisa mundut dijieunna eta artikel atawa nanyakeunnana dina kaca sawala . Anjeun oge bisa mutuskeun keur ningali artikel acak .

Kontribusi [ edit sumber ]

Sing saha wae bisa nyumbang tulisan kana Wikipedia ku jalan ngaklik tab edit . Pikeun tehnisna, mangga lenyepan tutorial jeung kawijakan jeung tungtunan , oge kaca pagbagea .

Behind Wikipedia [ edit sumber ]

Wikipedia ngagunakeun software Wikipedia:MediaWiki , program open-source nu dipake di sakabeh proyek Wikimedia .

Hardware nu ngarojong rupa-rupa proyek ieu nyaeta kira 100 server nu disimpen di sababaraha hosting center di sakuliah dunya. Kanggo dadaran leuwih lengkep tiasa ditingal di m:Wikimedia_servers .

Pikeun embaran tehnis ngeunaan Wikipedia, mangga tingal NLD Tehnis .

Cara nepangan anggota proyek [ edit sumber ]

Mun anjeun perlu embaran nu leuwih lengkep, tempat kahiji nu perlu dijugjug nyaeta Wikipedia:Pitulung . Pikeun nepungan salah saurang kontributor nu aya, mangga serat pesenna dina kaca obrolan . Tempat baku pikeun naroskeun ngeunaan kawijakan-kawijakan jeung hal-hal lianna nu patali jeung proyek nyaeta di Wikipedia:Sawala jeung milis Wikipedia (pikeun Wikipedia versi basa Sunda mah can aya milisna). Anjeun oge bisa nepangan Wikipediawan via IRC jeung instant messenger .

Aya oge meta -Wikipedia , loka pikeun koordinasi proyek-proyek Wikipedia (sarta sawala ringkes ngeunan kawijakan jeung kagiatanana).

Pikeun berendelan leuwih lengkep, mangga buka en:Wikipedia:Contact us .

Pamendak & kaabotan [ edit sumber ]

Seueur nu resep icikibung di dieu teh, mangga tinggalan artikel-artikel kapunjulan Wikipedia , jawaban pikeun nu kaabotan jeung nu lianna.

Proyek sawargi [ edit sumber ]

Wikipedia dijalankeun ku Yayasan Wikimedia , hiji yayasan tanpabati nu didaptarkeun di Florida , AS . Wikimedia ngajalankeun sababaraha proyek wiki multibasa sejenna nu sipatna nembrak :

Tempo oge Wikipedia:Edisi citak