LiSA

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Risa Oribe (織部 里沙 Oribe Risa , babar kaping 24 Juni 1987) [1] , leuwih kasohor ku ngaran panggung LiSA (singgetan tina Love Is Same All ) [2] , nyaeta penyanyi , penulis lagu , sarta penulis lirik Jepang ti Seki, Gifu jeung dikontrak jang Aniplex handapeun Sony Music Artis . Saenggeus diideuan janten musisi ti mimiti hirup manehna mimitian gawe musikna salaku penyanyi band indie Chucky. Saenggeus Chucky dibubarkeun dina taun 2012, LiSA pindah ka Tokyo kalawan tujuan ngudag karir sorangan, nyieun debut utamana taun 2010 nyanyikeun lagu jang seri televisi anime Angel Beats! salaku salah sahiji tina dua vokalis band piksi Girls Dead Monster. [3] Dina bulan April 2011, manehna nyieun album mini Letters to U . [4] [5] Manehna midang dina Animelo Summer Live di bulan Agustus 2010, Anime Expo di tahun 2012, jeung jadi bentang tamu tetap di Anime Festival Asia .

Lagu LiSA geus kapilih jadi musik tema rupa-rupa anime, siga Fate/Zero jeung Sword Art Online . [3] Laguna biasa nempatan sapuluh lagu pangluhurna di tangga lagu mingguan Oricon, lagu "Crossing Field" meunang sertipikat platinum ku Asosiasi Industri Rekaman Jepang jeung "Oath Sign" meunang sertipikat emas. [6] Manehna midang di Nippon Budokan dina taun 2014 jeung 2015. Dina taun 2015, manehna ngamimitian maen peran jadi pangeusi sora basa Jepang Madge Nelson dina pilem animasi Minions . [7]

Rujukan [ edit | edit sumber ]