Afrika Kaler

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
??  Afrika Kaler ( subregional PBB ) ??  geografis, kaasup nu luhur

Afrika Kaler (????? ???? ) nyaeta sebutan pikeun wewengkon nu ngajrek di sapanjang basisir kaler Afrika sarta wawatesan langsung jeung Laut Mediterania [1] . Ti mangsa samemeh Masehi , Afrika Kaler jadi wewengkon nu strategis ku sabab posisina anu deukeut jeung Eropah sarta Asia , nu balukarna teu bireuk deui yen Afrika Kaler dina mangsa baheula kungsi jadi bagian tina wewengkon karajaan-karajaan adidaya saperti Romawi Kuna , Umayyah , nepi ka Ottoman [1] . Di Afrika Kaler oge, paradaban-paradaban kuna nu kasohor saperti Mesir Kuna jeung Funisia pernah nanjeur [1] . Alatan Afrika Kaler kungsi dikawasa ku dinasti-dinasti Muslim dina jangka waktu nu kacida lilana, mangka mayoritas pangeusi Afrika Kaler kiwari ngagem agama Islam jeung ngagunakeun basa Arab minangka basa hirup kumbuhna [1] .

Sanajan miboga kamiripan dina segi budaya, tapi unggal nagara Afrika Kaler tetep miboga ciri hasna sewang-sewangan [1] . Ari nagara-nagara nu aya di wewengkon Afrika Kaler anu kadaftar ku PBB di antara Libya , Maroko , Aljazair , Mesir , Sahara Kulon , Sudan jeung Tunisia [2] . Sakapeung mah sok diasupkeun oge Mauritania , Aritrea , Ethiopia jeung sabudeureunna [3] .

Paradaban jeung kabudayaan [ edit | edit sumber ]

Wewengkon Afrika Kaler miboga sajarah paradaban sarta kabeungharan budaya anu luhung [3] . Salah sahiji contona nyaeta paradaban Mesir Kuna , nau titilarna mangrupa tanda-tanda paradaban anu maju dina mangsa samemehna ngaliwatan wangunan Piramida sarta patung Sphinx [3] . Lian ti kitu, oge nganjrek Universitas pangkolotna di dunya, nyaeta Universitas Al-Azhar anu aya di Kairo , Mesir [3] .

Rujukan [ edit | edit sumber ]