Wikipedia : Nu ngeusian Wikipedia

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Nu ngeusian Wikipedia

Beda ti galibna ensiklopedi , nu narulis artikel di Wikipedia mah teu kudu ahli atawa sarjana, sanajan tangtu bae para ahli eta dihiap-hiap pisan pikeun nulis di dieu. Nu nulis di ieu ensiklopedi mah bisa saha wae, kaasup anjeun! Nu nulis -- boh nyieun artikel anyar atawa ngarobah -- artikel Wikipedia teh teu saeutik, nu datang ti suklakna ti siklukna ti sakuliah dunya, naon bae kasang tukangna, sabaraha bae umurna. Jalma-jalma nu nyumbang tulisan ka ieu ensiklopedi katelahna " Wikipediawan " (atawa mun dina basa Inggris mah "Wikipedian") atawa "Wiki". Geus jadi kawijakan Wikipedia pikeun negeskeun bisa disusud , lain panalungtikan pituin , ku kituna Wikipedia ngarojong sangkan para panulisna nyutat rujukanana . Najan kitu, bisa bae para Wiki teh teu nuturkeun ieu tungtunan, kusabab teu nyaho ayana ieu kawijakan, poho, atawa kaliwat, sahingga nu maca teu bisa mastikeun bener/henteuna pedaran anu aya dina ieu Wikipedia.

Baca oge [ edit sumber ]