UNICEF

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Nalika mimiti ngadeg, logo UNICEF masih keneh ngagunakeun logo organisasi PBB (Pasarikatan Bangsa-Bansa) [1] . Di taun 1953, PBB ngabewarakeun yen UNICEF mangrupa organisasi anu ngadeg sacara mandiri, sarta miboga program anu weuteuh. Kiwari, logo UNICEF mung ninggalikeun tulisan unicef anu ngagunakeun aksara leutik. Lian ti eta, aya gambar indung jeung budak di gigireunana [1] .

UNICEF teh wancahan tina   United Nations Children's Fund [2] . Lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda , UNICEF teh hartina waragad keur barudak ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa (PBB) [2] . Dibandingkeun jeung program kamanusaan anu lain, waragad keur barudak teh mangrupa program anu panglobana. UNICEF ngadeg ping 11 Desember 1946, kasang tukangna pikeun mantuan barudak di nagara Eropa , Tiongkok , jeung Timur Tengah anu kamusibahan lantaran perang [2] . Nalika mimiti ngadeg, udagan UNICEF pikeun mantuan barudak anu kamusibahan lantaran kaayaan nagarana darurat. Tapi, di taun 1953 , eta udagan teh diropea jadi leuwih lega pikeun mantuan sakabeh barudak anu cicing di nagara anu keur mekar [2] .

UNICEF mititi datang ka Indonesia taun 1948 [3] , pikeun mantuan kasus kalaparan di Lombok [3] . Sataun ti eta kajadian, Indonesia sapuk pikeun gawe bareng jeung UNICEF sacara resmi [3] . Program mimitina nyaeta ngawangun dapur susu di Yogyakarta [3] (harita Yogyakarta mangrupa pusat pamarentahan Indonesia ) [3] . Di taun 1969 , pamarentah Indonesia mikeun program rencana pangwangunan mimitina pikeun lima taun [3] .

Kagiatan [ edit | edit sumber ]

Di Indonesia , UNICEF miboga pancen dina widang kasehatan barudak , atikan , gizi , cai jeung sanitasi , sarta kawijakan sosial anu aya patalina jeung barudak [2] . Aya sababaraha program gawe UNICEF di Indonesia, di antarana:

Struktur Organisasi [ edit | edit sumber ]

Sakabeh nagara anu kagabung jadi anggota UNICEF, kudu ngalaporkeun ngeunaan kaayaan barudak di nagarana sewang-sewangan [4] . Ieu laporan teh digunakeun ku UNICEF pikeun ngaevaluasi pasualan-pasualan anu keur disanghareupan [4] . Ku kituna, diperlukeun struktur organisasi anu puguh, sangkan sakabeh program anu direncanakeun laksana saluyu jeung udagan [4] . Kantor pusat UNICEF ayana di New York jeung di Tokyo [5] . Lain ti eta aya sababaraha kantor cabang di nagara anggota sewang-sewangan [5] .

Badan Eksekutif [ edit | edit sumber ]

Badan eksekutif atawa the ececutif board mangrupa bagian tina UNICEF anu miboga pancen pikeun ngarojong pamarentah jeung ngawas organisasi luyu jeung kaedah kawijakan majelis umum di PBB [4] . Lian ti eta, badan eksekutif oge miboga pancen pikeun nyapukan kawijakan, program nagara, jeung anggaran [4] . Badan eksekutif diwangun ku 36 anggota, anu ngawakilan lima kelompok regional di nagara anggota PBB [4] . Nagara anggota dipilih langgung ku Dewan Ekonomi jeung Sosial PBB [4] .

Biro Umum [ edit | edit sumber ]

Biro umum miboga pancen pikeun jadi cukang lantaran antara sekretaris UNICEF jeung kelompok regional pikeun nguruskeun administrasi jeung fungsional [4] . Lima anggota ti badan eksekutif mangrupa anggota biro umum [4] .

Direktur Eksekutif [ edit | edit sumber ]

Direktur eksekutif miboga pancen pikeun pikeun ngayakeun sawala jeung badan eksekutif UNICEF, ngalaksanakeun program gawe, sarta nyieun kaputusan anu cocog [4] .

Daftar Referensi [ edit | edit sumber ]

  1. a b "Berita Internasional: Intip Perubahan Logo UNICEF dari Awal Berdiri hingga Saat Ini Ulang Tahun ke-73" . KhikWai.com (dalam en-US) . Diakses tanggal 2021-04-23 .  
  2. a b c d e f g h i j "Pertanyaan umum" . www.unicef.org (dalam Indonesian) . Diakses tanggal 2021-04-23 .  
  3. a b c d e f Info, Kumau. "Peran Dan Upaya UNICEF Indonesia" . Kumau Info (dalam id-ID) . Diakses tanggal 2021-04-23 .  
  4. a b c d e f g h i j Bisnis, Lentera. "Struktur Organisasi UNICEF" . Lentera Bisnis (dalam id-ID) . Diakses tanggal 2021-04-23 .  
  5. a b UNICEF .