한국   대만   중국   일본 
Sinyal analog - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Sinyal analog

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Sinyal analog nyaeta sinyal anu sinambung atawa kontinyu dina satiap waktu.

Sinyal analog ngagunakeun sababaraha sifat medium pikeun ngirimkeun informasi. Contona, barometer aneroid ngagunakeun sinyal gerakan jarum panunjuk akibat sifat ngariut jeung ngabeukahna medium sahiji cacai (basa Indonesia: cairan) akibat robahna tekenan udara. Sedengkeun dina widang kalistrikan (elektrik), sifat medium anu paling umum digunakeun nyaeta parobahan voltase anu dituturkeun raket ku parobahan frekuensi , parobahan arus , sarta parobahan muatan listrik .

Satiap informasi bisa dikirimkan ngaliwatan sahiji sinyal analog. Contona, dina ngirimkeun informasi ucapan kana rangkean listrik, ucapan anu dihasilkeun ngakibatkeun parobahan-parobahan dina tekenan udara. Tekenan hawa keuna kana diafragma sahiji mikrofon anu nyababkeun fluktuasi voltase atawa arus dina rangkean listrik. Voltase atawa arus dimaksud disebut salaku sahiji analog tina sora.

Lantaran sinambung, sinyal analog sacara teoritis miboga resolusi tanpa hingga, sinyal kasebut bakal salawasna miboga resolusi anu leuwih hade dibanding sistem digital di mana resolusina diskrit (henteu sinambung). Dina praktekna, mangsa alat anu ngolah sistem analog leuwih kompleks, efek-efek saperti non-linearitas jeung nois tungtungna ngaruksak resolusi sinyal analog sahingga panerapan sistem digital jadi leuwih alus. Dina alat anu leuwih kompleks kasebut, susah pikeun neangan (ngadeteksi) iraha jeung di mana lumangsungna karuksakan sinyal analog; tapi dina sistem digital, karuksakan sinyal lain wae bisa dideteksi, tapi oge bisa dibenerkeun.

Karugian [ edit | edit sumber ]

Kakurangan utama sinyal analog nyaeta sakabeh alat atawa sistem anu diliwatan ku sinyal miboga nois – nyaeta, variasi gangguan anu sifatna acak. Mangsa sinyal dipancarkeun dina jarak nu jauh, pangaruh gangguan acak ieu jadi dominan. Sacara kalistrikan, pangaruh gangguan ieu bisa disingkahan atawa dieuweuhkeun ku cara digunakeunna panangtayungan (proteksi), sambungan nu alus, sarta sababaraha jinis kabel saperti koeksial atawa pasangan kawat nu dibungkus .

efek tina nois ngajadikeun sinyal tilelep atawa katutup ku gangguan. Sanajan resolusi sinyal analog leuwih alus ti batan sinyal digital anu satara, dina prak-prakannana, kauntungan resolusi sinyal analog nu alus jadi henteu mangfaat lantaran kaelehkeun atawa katutup ku nois. Nguatkeun sinyal pikeun ngahadean bagian nu geus lemah, bakal milu nguatkeun nois oge.

Modulasi [ edit | edit sumber ]

Metode (padika) lain pikeun ngirimkeun sinyal analog nyaeta ngagunakeun modulasi . Dina hal ieu, sababaraha sinyal dasar (misalna sahiji gelombang carrier sinusoida boga sifat bisa ditumpangan (dimodulasi):

Sirkit analog henteu ngalibetkeun kuantisasi informasi kana format digital.

Jam dina leungeun disebut analog; tapi anu panembongna mangrupa digit disebut digital. Loba jam analog nu sabenerna mah digital ku sabab henteu gerak dina gerakan kontinyu nu lemes, tapi mangrupa lengkah-lengkah leutik unggal detik atawa satengah detikan, atawa malah mah unggal menit.

Tempo digital keur sawala ngeunaan digital vs. analog .

Sumber: Sababaraha tina versi samemehna tina artikel ieu aslina dicutat ti Federal Standard 1037C dina rojongannana ka MIL-STD-188 .

Tempo Oge [ edit | edit sumber ]