Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Neon
nyaeta
unsur kimia
dina
tabel periodik
anu miboga simbul
Ne
jeung
nomor atom
10.
[1]
Neon mangrupa
gas mulya
kadua anu nyangkaruk di kolom 18 tina
tabel periodik
.
[2]
Neon teh unsur kalima anu pang-ngaleuyana di
alam samesta
.
[2]
Atom
Neon miboga 10
elektron
jeung 10
proton
sedengkeun kulit pangluarna miboga 8
elektron
.
[2]
Ngaran neon asalna tina
basa Yunani
nyaeta
ne
nu hartina
anyar
.
[2]
Neon mimiti kapanggihanna ku ahli
kimia
asal
Inggris
Sir
William Ramsay
jeung
Travers Morris W.
dina taun
1898
.
[2]
Nalika maranehanana manaskeun hawa cair sarta newak
gas
anu kaluar tina pamanas hawa cair eta, tuluy kapanggih tilu elemen anyar nyaeta
kripton
, neon, jeung
xenon
.
[2]
Dina kondisi standar elemen neon nyaeta
gas
anu euweuh bauan sarta teu warnaan.
[2]
Ieu mangrupa gas inert, nu hartina yen neon teh moal bakal ngagabung jeung unsur-unsur atawa zat sejen pikeun ngawangun sanyawa. Neon miboga rentang cair pangheuretuna tina unggal elemen.
[2]
Ngan mangrupa cairan antara 24,55
K
nepi ka 27,05
K
.
[2]
Neon mangrupa
gas mulia
panghampangna kadua sanggeus
helium
.
[2]
Nalika neon aya na jero tabung, cahyana warna oren kabeureuman.
[2]
|
Artikel
ieu mangrupa
taratas
, perlu disampurnakeun. Upami saderek uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo
ngalengkepan
.
|