Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
- ALIH
Citakan:Disambig info
Koordinat
:
20°12′S
57°30′E
/
20.2°S 57.5°E
/
-20.2; 57.5
Mauritius
(
Kreol Mauritius
:
Moris
;
Basa Inggris
:
Mauritius
,
Basa Prancis
:
Maurice
,
dilapalkeun:
[m???is]
), resmina
Republik Mauritius
(
Kreol Mauritius
:
Republik Moris
;
Basa Inggris
:
Republic of Mauritius
,
Basa Prancis
:
Republique de Maurice
) nyaeta hiji
nagara kapuloan
leupas basisir
buana Afrika
di beulah kidul-kulon
Samudra Hindia
, kira-kira 900 kilometres (560 mi) wetaneun
Madagaskar
. Salian ti
pulo Mauritius
, nagara ieu ngawengku kapuloan
Cargados Carajos
,
Rodrigues
, jeung
Kapuloan Agalega
. Pulo Mauritius mangrupa bagian ti
Kapuloan Mascarene
, bareng jeung koloni Perancis,
Reunion
, 200 km (120 mi) ka kidul-kulon jeung pulo
Rodrigues
570 km (350 mi) ka kaler-wetan. Ibu kota nagara ieu nyaeta
Port Louis
.
Inggris ngarebut kadali kana kapuloan ieu ti Perancis basa
Perang Napoleon
, jeung Mauritius merdika ti
Britania Raya
dina 1968. Nagara ieu mangrupa
republik parlementer
jeung mangrupa anggota ti
Komunitas Pamekaran Afrika Kidul
,
Pasar Umum pikeun Afrika Wetan jeung Kidul
,
Uni Afrika
,
La Francophonie
, jeung
Pasamakmuran Bangsa-Bangsa
.
Basa utami nu dipake di Mauritius nyaeta
Kreol Mauritius
,
Basa Perancis
, jeung
Basa Inggris
. Basa Inggris mangrupa
basa resmi
sahiji-hijina tapi
basa panghubung
biasana Kreol Mauritius. Koran jeung program televisi biasana dina Basa Perancis.
[6]
Kreol Rodrigues
nyaeta hiji basa minoritas jeung dipake di sababaraha bagian nagara. Rahayat nagara ieu diwangun ku sababaraha etnis, kaasup India, Afrika, Tionghoa, jeung Perancis. Panjelajah Eropa kahiji nu datang ka pulo ieu teu manggihan padumuk pribumi di pulo ieu.
Pulo Mauritius katelah salaku sahiji-hijina tempat nu kawanoh salaku tempat aya manuk
dodo
. Manuk ieu mangrupa pangan nu gampang diala ku para padumuk lantaran teu bisa ngapung jeung beuratna. Jadi punah kirang ti 80 taun sanggeus panjajahan awal Eropa.
Distrik jeung dependensi
[
edit
|
edit sumber
]
- Pulo Mauritius dibagi kana 9
distrik
:
- Black River
(Ibu kota:
Bambous
)
- Flacq
(Ibu kota:
Centre de Flacq
)
- Grand Port
(Ibu kota:
Mahebourg
)
- Moka
(Ibu kota:
Quartier Militaire
)
- Pamplemousses
(Ibu kota:
Triolet
)
- Plaines Wilhems
(Ibu kota:
Rose-Hill
)
- Port Louis
(Ibu kota Mauritius)
- Riviere du Rempart
(Ibu kota:
Mapou
)
- Savanne
(Ibu kota:
Souillac
)
- Rodrigues
, hiji pulo 560 kilometres (350 mi) wetaneun Mauritius, nu miboga otonomi kawates dina Oktober 2002.
[7]
[8]
Wewengkon ieu miboga status salaku distrik adminstratif ka-10 Mauritius samemeh miboga otonomi.
[9]
- Kapulon Agalega
, 2 pulo 1100 km kalereun Mauritius
- Cargados Carajos
Citakan:Mauritius topics
Kaanggotaan internasional
|
---|
|
|
---|
| Nagara daulat
| |
---|
| Dependensi
| Australia
| |
---|
| Britania Raya
| |
---|
| Selandia Anyar
| |
---|
|
---|
| |
|
|
|