한국   대만   중국   일본 
Wikipedia:Ngaran pamake - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Wikipedia : Ngaran pamake

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Klik tombol di luhur
pikeun asup log

Waktu Anjeun nyieun akun anyar sangkan bisa asup log, salah sahiji hal anu dilakukeun ku Anjeun nyaeta milih ngaran pamake atawa sandiasma . Kaca ieu eusina kawijakan anu dipake dina Wikipedia dina hal make ngaran pamake.

Dasar pamikiran [ edit sumber ]

Tujuan utama ngaran pamake teh nyaeta pikeun mikawanoh jeung ngabedakeun kontributor. Ngaran pamake minangka fasilitas komunikasi jeung pikeun nyatet rekam tapak ( track record ). Ngaran pamake teh lain hiji forum pikeun nyerang atawa nyieun pernyataan. Sing saha wae teu boga hak pkeun makengaran saperti kitu. Sanajan ngaran-ngaran anu pinuh ku warna, rarangken, atawa ekspresif bisa leuwih ngaramekeun Wikipedia, tapi ngaran anu kitu mah teu pati penting.

Kagunaan ngaran pamake [ edit sumber ]

Ngaran pamake Anjeun bakal napel kana kabeh suntingan Anjeun waktu Anjeun asup log . Ieu oge bakal ngabantuan dina masalah hak cipta. Lamun aya anu rek make kontribusi Anjeun ku cara anu teu diijinkeun dumasar [[Wikipedia:Hak cipta| hak cipta Wikipedia, maranehna bisa wae, misalna, nanya ka Anjeun dina kaca obrolan Anjeun. Lisensi GFDL nganjurkeun pisan sangkan maranehna ngahargaan nu nulisna, jeung ngaran pamakeAnjeun bajal disebutkeun pikeun ngahargaan eta hal. Alesan sejenna bisa diteang dina Wikipedia:Kauntungan boga akun .

Milih ngaran pamake [ edit sumber ]

Ngaran pamake bisa wae ngaran asli Anjeun, ngaran sandi Internet anu biasa dipake ku Anjeun, atawa hiji ngaran anyar anu dipake ku Anjeun husus dina Wikipedia. Ngaran pamake ieu gumantung kana kahayang Anjeun dina nyamarkeun ngaran dina nyunting. Anjeun dipiharep sangkan milih ngaran pamake anu bisa mantuan pikeun nulis hiji ensiklopedi. Maksudna, Anjeun dipenta pikeun make ngaran anu matak merenah (nyaman) waktu nyunting tulisan, jeung di pihak sejen oge ngajadikeun pamake sejenna ngarasa merenah (nyaman) dina ningali jeung gawe bareng jeung Anjeun. Inget yen hiji ngaran anu kontroversial bisa wae ngabalukarkeun jalma sejen jadi salah persepsi kana kredibilitas atawa sawangan pulitik Anjeun. Pikeun tambahan, Wikipedia teh mangrupa buku sumber anu bisa dipake sacara lega di sakumna dunya, jadi urang kudu paduli sangkan ulah nepi ka ngaganggu jalma sehe anu mungkin beda budayana, agama atawa seler (suku bangsa). Wikipedia nyarankeun sangkan para pamake nyingkahan:

  1. Ngaran-ngaran politikus, miilter ,figur, atawa kajadian religius;
  2. Ngaran-ngaran sejen anu boga potesi ngaganggu, anu ngadukung/ngalawan politik, kawijakan, atawa kapercayaan tin asaurang figur publik.

Pilih ngaran anu bener-bener ngajadikeun jalma sejen bisa ngajen Anjeun sacara murni tina kontribusi Anjeun, ti batan tina respon emosional anu muncul lantaran hiji ngaran sebutan anu boga potensi jadi kontroversi. Nyingkahan ngaran-ngaran saperti kitu teh gumantung kana diri sorangan, jadi kudu dilakukeun kalawan ati-ati. Inget, Anjeun bakal neuleuman hiji komuntias. Di Wikipedia, urang wajib silih hormat. Kudu hormat kana sawangan/kapercayaan masing-masing.

Ngaran asli atawa ngaran sandi? [ edit sumber ]

Ngaran asli leuwih disarankeun, tapi ngaran sandi oge meunang dipake salila teu ngalanggar kawijakan.

Baheula, loba situs wiki anu ngadorong para pamakena pikeun make ngaran aslina pikeun ngaran pamake. Dasarna nyaeta yen wiki teh mangrupa proyek kolaborasi jeung dipiharep sangkan unggal jalma anu ngagabung bakal mere kontribusi anu konstruktif pikeun eta proyek. Mangka, make ngaran asli teh dipiharep pisan, sangkan ngajadikeun pamakena leuwih tanggung jawab dina eta proyek. Para pamake Wikipedia lolobana mah leuwih milih make ngaran sandi, jeung nuliskeun gnaran aslina dina kaca pamake. Para pamake Wikipedia, hususna Kuncen, mindeng pisan diganggu di luar Wikipedia akibat kontribusina atawa aktivitas ngalawan vandalisme dina Wikipedia. Sababaraha urang ahirna mah ngaganti ngaran aslina jadi ngaran sandi jeung mungkin ngarasa kaduhung naha teu make ngaran sandi ti awal. Lamun Anjeun milih pikeun make ngaran sandi, Anjeun diijinkeun pikeun make ngaran sandi anu saperti ngaran asli, jeung singkahan niron-niron garan jalma sejen atawa karakter fiksi. Lamun Anjeun hayang makengaran asli Anjeun, tapi ngaran Anjeun ngalanggar kawijakan ngaran pamake anu dilarang , mangga kontak salah sahiji Kuncen jeung babarengan neangan solusi anu bisa dipake ku kabeh pihak.

Kapitalisasi ngaran pamake [ edit sumber ]

Ngaran pamake dina Wikipedia sipatna sensitif kana kapitalisasi ( case sensitive ) jeung, sangkan konsisten, huruf kahiji dina unggal ngaran pamake bakal dikapitalsisasi lamun Anjeun nyieun hiji akun. Ieu hartina yen lamun Anjeun mundut ngaran pamake ngaran kuring , mangka eta akun bakal dijieun jadi Ngaran kuring . Lamun ngaran pamakeAnjeun boga leuwih tina hiji kecap, jeugn Anjeun hayang tanda tangan Anjeun leuwih konsisten, Anjeun hadena mah langsung bae dikapitalisasi unggal huruf kahijina waktu nyieun hiji akun. Conto Ngaran Kuring , Ngaran Tengah Kuring , jeung Ngaran T. Kuring .

Disambiguasi ngaran pamake [ edit sumber ]

Sababaraha ngaran pamake mindeng pisan mirip atawa identik jeung judul-judul artikel Wikipedia. Hal ieu matak ngabingungkeun lamun aya pamake anu teu boga pangalaman dina neangan kaca-kaca ieu dina hasil mesin-mesin panyungsi ( search engine ). Sacara umum, WBS ngarekomendasikeun pikeun make hiji catetan disambiguasi basajan dina bagian luhur kaca pamake. Minangka catetan, lamun hiji ngaran pamake boga harti ganda jeung teu dianggap pantes, tangtu wae nambahkeun catetan disambiguasi teu ngajadikeun eta ngaran pamake teh matak pantes.

Tanda tangan [ edit sumber ]

Ngaliwatan kaca husus Husus:Preferensi , pamake bisa milih ngaran landian pikeun dipake minangka tanda tangan sacara bebas, teu gumantung kana ngaran pamake anu sabenerna. Ku kituna, tanda tangan teu meunang matak ngalieurkeun. Tanda tangan teu meunang dipake pikeun niron-niron pamake sejen. Tanda tangan anu dipake teu meunang ngalanggar aturan ngaran pamake anu dilarang. Sanajan lain mangrupa syarat anu wajib, praktek umum pikeun tanda tangan nyaeta kudu ngagambarkeun ngaran pamake anu bener. Pikeun informasi anu leuwih lengkep, tingali Pitulung:Tanda tangan

Ngaran pamake anu dilarang [ edit sumber ]

Boh ngaran asli atawa ngaran sandi bisa digolongkeun kana pamake anu teu pantes/teu merenah. Sawajarna, garis wates antara ngaran pamake anu bisa ditarima jeung teu disebutkeun ku “anu nganggap eta ngaran teu bisa ditarima”, lain ku nu boga eta ngaran. Sing saha bae tangtu teu dipiharep pikeun neangan kasalahan jalma sejen.

Wikipedia teu ngijinkeun sababaraha jenis ngaran pamake, kaasup:

  1. Ngaran pamake anu ngabingungkeun, nyasabkeun, atawa ngahesekeun :
    • Ngaran-ngaran anu bisa salah dihartikeun minangka kontributor sejenna .
      Lamun aya jalma sejen anu geus make ngaran anu dipikahayang ku Anjeun, sacara sederhana mah: ulah make eta ngaran. Pake cara sejen, misalna lamun aya jalma sejen anu kabeneran boga ngaran anu sarua jeung Anjeun, tambahkeun bae ngaran tengah Anjeun atawa inisial Anjeun, atawa ku cara sejen anu intina ma sacara jelas ngabedakeun antawa Anjeun jeung eta pamake sejen.
      Ngaran pamake anu dipake pikeun niron-niron pamake anu sah bisa langsung diblokir.
    • Istilah-istilah Wikipedia .
      komponen ngaran pamake anu dilarang teh kaasup, tapi teu kawatesanan kana kekecapan anu nyaruaan, misalna, boh dina basa Inggris, boh dina basa Sunda, atawa basa sejena:
      • Jabatan resmi Wikipedia atawa ngaran panglaku anu leuwih luhur tina pamake biasa.
        Anu kaasup kana poin ieu nyaeta ngaran-ngaran saperti Kuncen , Administrator . Admin , System Operator , Sysop , atawa Moderator .
        • Rollback , Revert , Edit war, POV
      • Istilah dina proses ngedit .
        Misalna, Hapus , Muatkeun , Pindahkeun , atawa Alihkeun , ( Delete , Upload , Pagemove , atawa Redirect ).
      • Ngaran-ngaran anu nimbulkeun kesan yen Anjeun boga maksud pikeun nyieun masalah .
        Conto: Vandal , Tukang Ngaruksak , Hacker , Spammer , atawa Troll . Ieu kaasup ngaran-ngaran anu mungkin ngarujuk kana pakakas lemes saperti Virus atawa Trojan horse .
      • Ngaran-ngaran anu ngandung istilah-istilah Bot .
        Misalna ngaran-ngaran anu ngandung Bot , Robot , Script , Initialize ,, Automated , Daemon , jeung sajabana, iwal eta ngaran teh memang bener-bener bakal dipake pikeun akun bot anu sah. Ngaran-ngaran anu ngandung unsur bot bisa diblokir, jeung pamakena bisa dipenta ngontak Kuncen pikeun ngonfirmasikeun naha eta akun teh bener-bener mangrupa bot.
      • Istilah-istilah tenis .
        Saperti tombol toolbar atawa namespace . Istilah-istilah eta mungkin ngabingungkeun ka pamake anu teu pangalaman atawa pamakae anu teu boga kapasitas saperti umumna pamake normal.
      • Istilah-istilah Wikipedia sejenna .
        Istilah-istilah anu mungkin matak ngabingungkeun pamake anyar atawa pamake sejenna lantaran mibanda sasaruaan jeung istilah dina Wikipedia anu umum dipake.
    • Oge omat kudu ati-ati dina make hurup-hurupf kapital tina i , hurup leutik L , jeung nomer 1 , anu bisa katingalina sarua (I/I/1) dina sababaraha rupa font . Conto nu sejenna nyaeta hurup O jeung angka 0 (O/o/) . Pamake hurup-hurup eta teh bisa nyasabkeun, ku kituna teu dianjurkeun, lantaran kungsi disalahgunakeun.
    • Ngaran-ngaran ti jalma-jalma kasohor anu masih keneh hirup atawa nu geus maot , saperti Rhoma Irama ], Sule , Joko Widodo , Kang Ibing , atawa Ronaldo , teu meunang dipake iwal Anjeun memang bener-bener eta jalma kasohor teh, anu bisa sacara sah ngakukeun (klaim) eta kasohoran . Lamun Anjeun memang jalmana , mangka sebutkeun dina kaca pamake Anjeun. Upama Kuncen manggihan kateuyakinan kana ieu akun, mangka Kuncen bisa ngablokir sabari nungguan konfirmasi kaabsahan eta ngaran pamake.