Wikipedia : Wilujeng sumping

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Wilujeng sumping di Wikipedia !

Wikipedia teh ensiklopedi nu disusun rereongan ku nu maracana. Lokana mangrupa wiki , nu hartina anjeun, atawa sing saha wae, bisa ngedit ampir sakabeh artikel ayeuna keneh ku cara ngaklik tumbu edit nu aya dina punclut unggal kaca. Mangga lenyepan pangwanohna atawa tutorialna . Di handap oge didadarkeun sakilat ngeunaan sababaraha hal.

Nyungsi Wikipedia [ edit sumber ]

Wikipedia ngandung informasi nu kalintang lobana dina sagala widang/subjek. Kanggo ningalan, mangga sumping ka Tepas , pilari subjek nu kira-kirana dipikaresep/narik, salajengna mah wilujeng ngalanglang bae. Tiasa oge nganggo kotak pilari luhureun unggal kaca.

Mun anjeun manggih (maca maksud teh) artikel nu dipikaresep, dihaturan pisan kanggo masihan catetan atawa komentar na kaca omongan artikel eta. Mimiti, pilih kaitan Sawalakeun kaca ieu (teang di beulah kencaeun kaca) sangkan nepi ka kaca omong, teras pilih Edit kaca ieu na kaca omongan. Kacida bungahna mun kami meunang eupan pangrojong ti sadaya.

Mun aya nu teu kawengku, atawa anjeun manggih kasusah ngeunaan nu keur diteang, mangga taroskeun di meja rujukan , atawa tambahkeun jejerna kana artikel pamundut .

Ngedit [ edit sumber ]

Sing saha bae bisa ngedit eusi kaca Wikipedia (kaasup kaca ieu!). Mun sakirana aya nu perlu diropea, klik bae kaitan Edit kaca ieu di luhureun atawa handapeun kacana. Anjeun teu perlu jadi anggota; asup log ge teu perlu malah mah.

Salah sahiji cara nu gampang pikeun ngamimitian ngilu aub ngabantuan, nya ku ngamangpaatkeun Wikipedia sakumaha anjeun ngagunakeun ensiklopedi. Ngan, mun anjeun manggih masalah?salah tulis, sugan, atawa kalimah nu teu merenah?klik "Edit kaca ieu", sok benerkeun. Sing wijak dina ngoreksi kaca teh ; mun anjeun boga kereteg pikeun ngalengkepan hiji kaca, sok pigawe. Ulah sieun nyieun kasalahan; mun anjeun geus nyieun kasalahan, saterusna anjeun, atawa sing saha bae nu sejen, salawasna bisa ngabenerkeun deui eta kasalahan. Paur oge nya kadengena? Tempo jawaban pikeun sababaraha kaabotan pikeun katerangan naha sistim ieu masih bisa jalan. Sanajan Wikipedia geus boga artikel cukup loba (nu Basa Inggris loba teh, da nu basa Sunda mah kakara 61.712), Wikipedia mayeng nambahan artikel anyar nu ditulis ku jalma-jalma kawas anjeun. Anjeun bisa muka artikel anyar , atawa neang artikel nu geus aya terus nambahkeun hiji bagean anyar di jerona. Mun anjeun ngarasa hariwang "ngaruksak" hiji artikel, cobaan heula na kotretan , di mana anjeun bisa nuliskeun naon bae nu hayang ditulis.

Kawijakan [ edit sumber ]

Di dieu geus boga sababaraha kawijakan jeung tungtunan nu meureun anjeun hayang nempoan. Garis badagna mah, kawijakan jihat nu netral dimaksudkeun sangkan artikel-artikel nu dijieun kudu nyingkahan bias, jeung kudu simpatik tur saimbang mun ditilik ti unggal sisi. Sagala kontribusi ka Wikipedia dikaluarkeun dina panangtayungan Lisensi Dokumen Bebas GNU ( GNU Free Documentation License , GFDL), nu mastikeun yen Wikipedia bakal jeung bisa salawasna dibagikeun kalawan haratis (tempo Wikipedia:Hak cipta sangkan leuwih eces).

Wilujeng sukan-sukan!

Bade ngiringan? [ edit sumber ]

Sing saha wae bisa ngedit, tapi aya kauntungan mun anjeun nyieun rekening dina hayangna ilubiung kalawan mayeng. Mun rek miluan, mangga jieun rekening teras nepangkeun anjeun ka komunitas di Log pamake anyar .

Tempo oge [ edit sumber ]

Di handap ieu sababaraha tumbu ka embaran panganteur:

Embaran umum, tungtunan, jeung pitulung [ edit sumber ]

TataWiki [ edit sumber ]

Tutorial [ edit sumber ]

Pamundut Leuwih Jero [ edit sumber ]

Komunitas Wikipedia [ edit sumber ]