Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Umroh
(
Basa Arab
:
????
) nyaeta salah sahiji kagiatan
ibadah
dina
agama
Islam
anu meh sarua jeung ibadah
haji
. Cara ngalaksanakeun ieu ibadah teh ngaliwatan sababaraha tahapan ibadah di kota suci
Mekkah
, hususna di
Masjidil Haram
[1]
Dina istilah tehnis syari'ah. Umroh hartina ngalaksanakeun
tawaf
di
Ka'bah
jeung
sa'i
antara
Shofa jeung Marwah
, Sanggeus make kaen
ihram
anu dicokot tina
miqat
. Umroh kawentar oge ku sebutan
haji leutik
.
[2]
Bedana umroh jeung haji nyaeta dina waktu jeung tempatna. Umroh bisa dilaksanakeun iraha wae (unggal poe, bulan, jeung tahun) kalayan tempatna ukur di Mekkah, ari haji mah ukur dilaksanakeun antara ping 8
Dzulhijjah
nepi ka 12 Dzulhijjah kalayan dilaksanakeun nepi ka luar Kota Mekah.
[3]
- Agama Islam
[3]
- Balegh jeung miboga akal
- Merdeka lain budak beulian
- Miboga kamampuh fisik jeung finansial
- Ayana mahram (husus awewe))
- Ihram, sanggeus niat umroh kudu make pakean sa'i keur nutupan aurat
[3]
- Thawaf, ngurilingan Ka'bah 7 kali
- Sa'ii, leumpang gancang ti Bukit Sofa ka Bukit Marwa nu lobana dua balikan.
- Tahallul, nyukur rambut sanggeus ngalaksanakeun sa'i minangka jadi tanda Umroh teh geus sampurna
- Tertib
- Ngalaksanakeun ihram waktu rek asup ka miqat
[3]
- Tahallul keur nyukur rambut nepi ka botak atawa dicepak
- Ninggalkeun rukun, umrohna teu sampurna kudu balikan deui
- Ninggalkeun kawajiban, umrohna dianggap sah ngan patali jeung kakurangan mah bisa diganti DAM
- Sapatemon samemeh sai kudu ngaganti ku embe hiji
- ↑
1905-1987., Danadibrata, R. A. (R. Alla), (2006).
Kamus basa Sunda
(Cit. 1 ed.). Bandung: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama, jeung Universitas Padjadjaran.
ISBN
9793631910
.
OCLC
125409879
.
- ↑
"Syarat, Rukun dan Wajib Umroh"
(dalam bahasa en-US).
Tatacaraumroh.net
.
2014-10-01
.
http://tatacaraumroh.net/persiapan-umroh/syarat-rukun-dan-wajib-umroh/
. Diakses pada 2017-12-14
- ↑
a
b
c
d
e
"Syarat, Rukun dan Wajib Umroh"
(dalam bahasa en-US).
Tatacaraumroh.net
.
2014-10-01
.
http://tatacaraumroh.net/persiapan-umroh/syarat-rukun-dan-wajib-umroh/
. Diakses pada 2017-12-14