한국   대만   중국   일본 
Tiongkok (istilah) - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Tiongkok (istilah)

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas


Pikeun nagara anu dipikawanoh jeung sebutan China atawa RRC, tempo Republik Rahayat Tiongkok .

Tiongkok nyaeta kecap anu dipake sarta geus diadaptasikan ka dina ejahan basa Indonesia pikeun nunjuk ras atawa suku , nagara sarta sagala hiji hal anu patali jeung Republik Rahayat Tiongkok (RRT). Tiongkok asalna ti dialek Hokkien anu ngarujuk ka Zhongguo dina basa Mandarin. Zhongguo sorangan hartina nyaeta nagara tengah.

Di Indonesia pamakean kecap "Cina" ku nu nyicingan pituin Indonesia pikeun nunjuk ka ras atawa suku atawa pribadi mindeng dianggap minangka hal anu pohara garihalna (kawas kecap "nigger" pikeun jelema kulit hideung di Amerika), lantaran eta, pamakeannana pikeun nunjuk ras atawa suku atawa pribadi mangrupa hal anu bisa dihartikeun daweung pohara rasial. Asal konotasi ieu, nurutkeun hiji tulisan di KOMPAS [1], nyaeta ti jalma-jalma di Tiongkok Daratan anu nganggap kecap Cina eta diasosiasikeun jeung kecap shina (支那), hiji kecap anu sawajarna dipake ku urang Jepang pikeun ngece urang Tionghoa saprak Perang Tiongkok-Jepang Kadua.

Minangka alternatif, kecap Tionghoa atawa sakapeung China bisa dipake pikeun nunjuk ka pribadi, suku atawa ras. Pihak Kadubes RRT di Indonesia sorangan leuwih mikaresep kecap "Tiongkok" (atawa sahanteuna "China") batan "Cina".