Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Taman Kanak-kanak
(disingket
TK
) nyaeta jenjang atikan pikeun barudak umur atawa di handapna) dina wangun atikan formal. Kurikulum TK ditekenkeun kana mere rangsangan atikan pikeun mantuan tumuwuhna sarta mekarna jasmani jeung rohani budak sangkan
budak
ngabogaan kasiap dina ngasupan atikan satuluyna.
Lila mangsa diajar budak di TK biasana gumantung kana tingkat kacerdas budak anu dipeunteun dina
rapor
per
semester
. Tapi sacara umum pikeun lulus TK merlukeun waktu 2 (dua) taun, nyaeta:
- TK 0 (enol) Leutik (TK leutik) salila sataun
- TK 0 (enol) Gede (TK gede) salila sataun
Umur rata-rata budak nu dibeunangkeun asuk ka TK saeutikna nyaeta . Sedengkeun umur rata-rata pikeun lulus ti TK nyaeta . Sanggeus lulus ti TK, atawa atikan formal jeung nonformal sejenna anu sadarajat, murid saterusna neruskeun ka jenjang atikan leuwih luhur nyaeta
Sakola Dasar
atawa anu sadarajat.
Di TK, barudak dibere kasempetan
diajar
dina
kurikulum
atikan
anu luyu jeung umur unggal tingkatanana.
Murid
diajarkeun:
- Ngitung
- Maca (leuwih benerna mikawanoh aksara sarta ejahan)
- Nembang
- Gaul dina lingkungan kulawarga sarta babaturan sakaulinan
- Sagala rupa kaparigelan sejenna.
Tujuanana nyaeta pikeun ngaronjatkeun kreativitas anak sarta mecut pikeun diajar mikawanoh rupa-rupa
elmu
pangaweruh
ngaliwatan
pendekatan
niley moral
ageman
,
sosial
,
emosional
, fisik/motorik, kognitif, basa, seni, sarta kamandirian. Kabeh dirarancang sabage usaha ngadewasakeun budak dina kahirupanana.
Kabeh kagiatan atikan ieu dibungkus dina model "diajar bari ulin".