Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Planet kate
atawa
planet lemet
atawa
planet kerdil
(
basa Inggris
:
dwarf planet
) nyaeta sebutan pikeun
banda-banda langit
anu muiran panonpoe di
Surya Mandala
anu saluyu jeung ciri-ciri ieu:
- ngorbit
ngurilingan
panonpoe
- mibanda
massa
anu cukup pikeun mibogaan
gravitasi sorangan
sangkan bisa nyanghareupan
tekenan
banda teger
(
rigid body
) nu matak banda akasa eta mibanda bentuk
ekuilibrium hidrostatik
(bentuk ampir buleud)
- acan "mersihkeun sabudeureun" (
clearing the neighborhood
; ngosongkeun orbit sangkan teu ditempatan banda-banda akasa mangukuran cukup badag sejenna salian
satelitna
sorangan) di daerah sabudeureun orbitna
- lain mangrupa
satelit
hiji planet atawa banda akasa nonbentang sejenna
Kategori "planet kate" ieu diciptakeun dina pasamoan
Pahijian Astronomi Internasional
tanggal
24 Agustus
2006
. Dumasar kana definisi ieu,
Pluto
kudu dirobah statusna tina planet jadi planet kate ku sabab Pluto can ngosongkeun daerah di sabudeureun orbitna (
Sabuk Kuiper
).
Ieu di handap mangrupa daptar banda akasa anu geus dibere status "planet kate":
[1]
- Plutoid: Planet kate anu miboga orbit di daerah trans-Neptunus
|
Artikel ngeunaan
astronomi
ieu mangrupa
taratas
, perlu disampurnakeun. Upami saderek uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo
ngalengkepan
.
|