한국   대만   중국   일본 
Kecap (basa Sunda) - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Kecap (basa Sunda)

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
(dialihkeun ti Kecap )
Topik Kecap Basa Sunda
Kotak ieu:  tempo ? sawala ? edit

Kecap nyaeta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, oge mibanda harti. Ku kituna, kecap teh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu. [1]

Wangun Kecap [ edit | edit sumber ]

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warna na. [2]

Wangun Kecap

Wangun Wangenan
asal kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
rundayan kecap asal anu geus dirarangkenan
rajekan kecap anu diwangun ku cara ngarajek kecap asal
kantetan kantetan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap [ edit | edit sumber ]

Warna/Rupa Kecap kabagi dua. [2]

Warna Kecap Wangenan
Kecap Lulugu barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulur kecap anu dipake pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananya kecap anu dipake pikeun nanya
pagawean kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawean jalma atawa mahluk sejenna.
sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancen panganteb kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ( (en) : emphasis ).
panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap eta sangkan leuwih anteb tur eces.
panambah aspek kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitas kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma sejen.
pangantet kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantetkeun kecap barang eta jeung kalimah utamana.
panyambung kecap anu dipake pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyeluk kecap nu dipake pikeun ngebrehkeun bituna rarasaan.

Kecap sulur [ edit | edit sumber ]

Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijentrekeun kieu. [2]

  • kecap gaganti jalma
  • kecap gaganti milik
  • kecap panuduh

Kecap gaganti jalma [ edit | edit sumber ]

' Kecap gaganti... kecap.. dipake dina kaayaan... conto kalimah
jalma kahiji tunggal sim kuring lemes, resmi Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka rengse.
abdi lemes, teu resmi Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung.
kuring / dewek / urang loma Kuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah.
kami / kaula loma, ngaluhurkeun ajen sorangan Kaula rek nitah ka Patih Lirbaya.
aing kasar Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu.
loba sim kuring sadayana lemes, resmi Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut.
abdi sadayana lemes, teu resmi Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balarea wae.
kuring sarerea loma Kuring sarerea ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor.
jalma kadua tunggal bapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki)
lemes, ka anu dipikahormat Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat.
anjeun lemes, ka sapantaran Anjeun teh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita.
maneh / silaing loma Maneh mah dibejaan teh tara ngagugu.
sia kasar Sia ku aing rek diteunggeul.
loba aranjeun lemes Aranjeun kudu apal yen organisasi mah kudu digawe babarengan.
maraneh loma Maraneh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan teh.
hidep sarerea lemes, ka sahandapeun Hidep sarerea adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna teh.
jalma katilu tunggal mantenna lemes, ka nu dipikahormat Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman.
anjeunna lemes Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana.
manehna , inyana loma Manehna mah teu apaleun yen harga baju teh dimahalkeun.
loba aranjeunna lemes Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah.
maranehna loma Maranehna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak.


Kecap gaganti milik [ edit | edit sumber ]

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantetkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi , buku maneh , buku hidep sarerea. [2]

Kecap panuduh [ edit | edit sumber ]

Kecap panuduh wacana Kecap panuduh wacana eta jeung ieu mah diteundeunna samemeh kecap anu dijentrekeunana. [2]

ieu ieu baju
eta eta batu
itu itu gedong
kitu sabada kitu
kieu kurang kieu

Kecap panuduh luareun wacana

kecap... dipake pikeun... conto kalimah
dieu nuduhkeun nu deukeut Rorompok mah caket kantun ka palih dieu wae.
dinya nuduhkeun nu rada deukeut Ti warung ka kantor teh saatos dua belokan palih dinya pisan.
ditu nuduhkeun nu jauh Toko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah.

Kecap pananya [ edit | edit sumber ]

Kecap... dipake pikeun nanyakeun ... conto kalimah
naon barang, hal, sasatoan, tutuwuhan Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut teh?
saha jelema, malaekat, Pangeran Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani teh?
ka mana tempat, hal ka mana Sueb teh inditna?
iraha waktu Iraha anjeun bade ka dieu?
naha sabab-musabab, kalakuan Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh?
kumaha cara, kaayaan Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi?
sabaraha jumlah, bilangan Sabaraha harga bawang beureum sakilo teh?


Kecap pagawean [ edit | edit sumber ]

Ciri-ciri kecap pagawean. [2]

  • umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
  • teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantet
  • teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkenan anu ngandung harti paling ...
  • bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspek jeung modalitas

Kecap sipat [ edit | edit sumber ]

Ciri-ciri kecap sipat. [2]

  • bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
  • bisa dituturkeun ku kecap kacida , pisan , jeung naker
  • bisa dirarangkenan ku pang-...-na
  • bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

Kecap panganteur [ edit | edit sumber ]

Tabel kecap panganteur pagawean
bus asup nyah beunta nging/hing ceurik
segruk ceurik am dahar jol datang
rap dibaju deker digawe gek diuk
reg eureun geleber hiber sedut/dut hitut
kuniang hudang belenyeh/nyeh imut gedig indit
leos indit kecewer/wer/cer kiih blug labuh
beretek/berebet lumpat jleng luncat geleser maju
belewer maledog brus mandi terekel naek
gampleng nampiling blak nangkarak jung nangtung
sebrut narajang habek neunggeul lek neureuy
lar ngaliwat bluk ngangkuban biur ngapung
goledag ngedeng gewewek ngegel rengkenek ngigel
leguk/regot nginum burusut ngising pok ngomong
celengkeung ngomong tret nulis gaplok nyabok
gap nyagap sirintil nyampeurkeun gantawang nyarekan
kerewek nyekel cong nyembah crot nyiduh
celengok nyium kop nyokot bluk nyuuh
reup peureum dug sare barakatak seuri
ceuleukeuteuk seuri cakakak seuri cikikik seuri
lep teuleup eureuleu teurab clak tumpak
luk tungkul jrut turun nyot ngenyot
pelenyun udud cat unggah orolo utah


Tabel kecap panganteur kaayaan
beledug bitu beletek peupeus beletok potong
berewek soek bray beurang bray muka
bray caang breg hujan cep tiis
gejebur kana cai jedak diadu jeduk tidagor
jegug sora anjing jegur sora marieum jentreng kacapi
jep jempe jeprut pegat kecebuk sora cai
kecemplung kana sumur kepluk murag keresek sora daun
ketruk sora sapatu les leungit paralak hujan
pedenghel keuheul peledek bau hitut pes pareum
pleng ambleng plong ngemplong prung pegat
prung ngamimitian pudigdig ambek reket sora panto
rob ngarogrog rup dirungkupan seguk sora kolecer
semprung pegat sruk-srek sora ragaji trong kohkol


Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. LBSS (2007). Kamus Umum Basa Sunda . Bandung: Geger Sunten.  
  2. a b c d e f g Yayat., Sudaryat,; Karna., Yudibrata, ([2007]). Tata basa Sunda kiwari ([Cet. 1.] ed.). Bandung: Yrama Widya. ISBN   9789795435266 . OCLC   271743335 .