한국   대만   중국   일본 
Kapuloan Cook - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Kapuloan Cook

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Pikeun pulo individual nu ngaranna "Pulo Cook", tempo Pulo Cook (disambiguasi) .
K?ki '?irani
Cook Islands
Kapuloan Cook
Bandéra Cook Islands
Lagu
Te Atua Mou E
God is Truth
Location of Cook Islands
Location of Cook Islands
Ibu kota
(jeung kota panggedena)
Avarua
21°12′S 159°46′W
Basa nu dipake basa Inggris
basa Maori Kapuloan Cook
basa Pukapuka
basa Rakahanga-Manihiki
Grup etnis   87.7% M?ori , 5.8% sabagian M?ori, 6.5% nu lian [1]
Demonim Cook Islander
Pamarentah Monarki konstitusional
 -  Pupuhu Nagara Ratu Elizabeth II
 -  Pawakilan Ratu Sir Frederick Tutu Goodwin
 -  Perdana Mentri Henry Puna
Nagara nu kaasosiasi
 -  Pamarentahan sorangan dina asosiasi bebas jeung Selandia Anyar 4 Agustus 1965 
 -  Kamerdikaan dina hubungan asing diakuan ku PBB [2] 1992 
Area
 -  Total 240 km²  ( ka-210 )
91  mil²  
Populasi
 -  Sensus 2006 19.569 ( ka-213 )
 -  Kapadetan 76 /km² ( ka-124 )
197 /mil²
GDP  ( PPP ) Perkiraan 2005
 -  Total $183,2 yuta ( teu karengking )
 -  Per kapita $9.100 ( teu karengking )
Mata uang Dolar Selandia Anyar ( NZD )
Zona wanci ( UTC -10)
TLD Internet .ck
Kode telepon +682

Kapuloan Cook ( /?k?k ?a?l?ndz/   ( dangukeun ) ; Basa Maori Kapuloan Cook : K?ki '?irani ) [3] mangrupa hiji kapuloan demokrasi parlementer pamarentaha sorangan di Samudra Pasifik Kidul dina asosiasi bebas jeung Selandai Anyat . 15 pulo-pulo leutikna miboga total area 240 km 2 , tapi Zona Ekonomi Eksklusifna (ZEE) ngawengku area 1.800.000 km 2 . [4]

Puseur populasi utamana nyaeta dina pulo Rarotonga (14.153 dina 2006), di mana aya bandar udara internasional. Dina sensus 2006, 58.008 ngaku minangka katurunan Maori Kapuloan Cook . [5]

Geografi [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Geografi Kapuloan Cook .
Peta Kapuloan Cook.

Kapuloan Cook aya di Samudra Pasifik Kidul, kaler-wetaneun Selandia Anyar, antara Polinesia Prancis jeung Samoa Amerika . Aya 15 pulo utama nu nyebar dina wewengkon samudra 2,2 yuta km², dibagi kana dua grup nu beda: Kapuloan Cook Kidul jeung atol karang Kapuloan Cook Kaler. [6]

Pulo-pulona dibentuk ku ku aktivitas vulkanis; grup nu kaler leuwih kolot jeung miboga genep atol (gunung api nu tikerelep kalawan koral nu tumuwuh di bagian luhurna). Iklimna sedeng nepi ka tropis.

15 pulo jeung dua karang digrup kawas kieu:

Babagian administratif [ edit | edit sumber ]

Aya dewan pulo dina sadaya pulo luar nu didumukan (Undang-Undang Pamarentahan Lokal Pulo-Pulo Luar 1987 kalawan amandemen 2004, jeung Undang-Undang Pamarentahan Lokal Pulo Palmerston 1993) kajaba Nassau , nu mana diparentah ku Pukapuka ( Suwarrow , kalawan ngan hiji pangurus nu hirup di pulo eta, diparentah oge ku Pukapuka, teu dietang jeung pulo nu didumukan dina konteks ieu). Masing-masing dewan dilulugu ku mayor .

Sapuluh Dewan Pulo Luar nyaeta
Aitutaki (ngawengku Manuae )
Mangaia
Atiu (ngawengku Takutea )
Ma'uke
Mitiaro
Manihiki
Penrhyn
Rakahanga
Pukapuka (ngawengku Nassau jeung Suwarrow )
Palmerston
Distrik di Rarotonga.

Tilu dewan vaka di Rarotonga ngadeg dina 1997 ( Undang-Udang Pamarentahan Lokal Rarotonga 1997 ), oge dilulugu ku mayor, [7] dihupus dina Pebruari 2008, sanajan aya loba kontroversi [8]

Tilu dewan Vaka di Rarotonga nyaeta
Te au o tonga (ekuivalen jeung Avarua , ibu kota Kapuloan Cook)
Puaikura Arorangi
Takitumu Ngatangiia

Dina tingkat nu panghandapna, aya komite desa. Nassau , nu diparentah ku Pukapuka , miboga komite pulo (Komite Pulo Nassau), nu mere nasehat ka Dewan Pulo Pukapuka dina perkawis ngeunaan Nassau.

Olahraga [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Olahraga di Kapuloan Cook .
  Tempo oge : Netball di Kapuloan Cook .

Rugby union mangrupa olahraga nu pangpopulerna di Kapuloan Cook. [9] Asosiasi mengbal jeung liga rugby oge populer. [ rujukan? ]

Referensi [ edit | edit sumber ]

  1. World fact book : Cook Islands Archived 2008-09-16 di Wayback Machine
  2. UN THE WORLD TODAY (PDF) Archived 2011-06-28 di Wayback Machine and Repertory of Practice of United Nations Organs Supplement No. 8; page 10
  3. Cook Islands Maori dictionary by Jasper Buse & Raututi Taringa, Cook Islands Ministry of Education (1995) page 200
  4. A View from the Cook Islands Archived 2007-02-14 di Wayback Machine SOPAC
  5. "QuickStats About Culture and Identity - Pacific Peoples" . 2006 Census . Statistics New Zealand . Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-08-29 . Diakses tanggal 2007-06-12 .   Archived 2007-08-29 di Wayback Machine
  6. "Cook Islands Travel Guide" (with description), World Travel Guide , Nexus Media Communications, 2006. Webpage: WTGuide-Cook-Islands Archived 2006-10-26 di Wayback Machine .
  7. https://web.archive.org/web/20060516161920/http://www.transparency.org.au/documents/cookislands.pdf
  8. RAROTONGA LOCAL GOVERNMENT (REPEAL) BILL TO BE TABLED, Cook Islands Government Archived 2013-10-17 di Wayback Machine and HERALD WEEKLY ISSUE 393 :09 February 2008 Archived 2 Januari 2009 di Wayback Machine
  9. Hollis, Renee (2007). Aitutaki, Heaven on Earth . Nelson, New Zealand: Renee Hollis. p. 15. ISBN   9780473146030 .  

Bacaan salajengna [ edit | edit sumber ]

  • Gilson, Richard. The Cook Islands 1820-1950. Wellington, New Zealand: Victoria University Press, 1980. ISBN 0705507351

Tumbu kaluar [ edit | edit sumber ]

Pek paluruh embaran nu leuwih loba ngeunaan Cook Islands ku jalan nyungsi proyek sabaraya Wikipedia
Definisi kamus ti Wiktionary
Buku teks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Teks sumber ti Wikisource
Gambar jeung media ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

   Tempo oge Kapuloan Cook di Wikivoyage