한국   대만   중국   일본 
Kabaya - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Kabaya

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Kabaya Nini

Kabaya mangrupa baju awewe nu leungeunna panjang, bagian handapna nepi ka puhu bitis , bagian hareupna dipanitihan, bagian luhur dilipet nepi ka jadi kerah kabaya Bandung anu surawe (lipetan kerah) nepi kana dada , bagian handapna anu di tukang mah pondok, sarta anu di hareupna panjang, kadua tungtung (kenca-katuhu bajuna ditalikeun sangkan nutupan bujal , dipake ku awewe nu digawe di sawah atawa di kebon. [1] Kabaya Kartini anu contona surawe, pola nu digunakeun biasana nepi ka handap, bagian handap palebah tukang jeung hareup panjangna teh sarua (rata). [1] Kabaya Kartini biasana make tisi atawa hiasan saperti mute atawa karpatu, mimitina bagian beuheung anu ngaliwatan dada nepi ka bagian handap. [1] Sapanjang bagian handapna dihiasan ku bola emas atawa nu sarupa jeung eta. [1] Baju kabaya biasana dipake jeung samping kebat , gelung , selop , atawa kelom geulis di mangsa nu heubeul, tapi dina kamekaranana mah make selop anu jangkung atawa anu jengke. [1] Kabaya ayeuna bisa dipake dina acara kawinan, utamana kabaya Bandung anu modelna buntung (leungeunna satengah). [1]

Etimologi [ edit | edit sumber ]

Kabaya asalna ti basa Arab 'kaba' anu hartina 'pakean' sarta diwanohkeun ngaliwatan basa Portugis sabot maranehanana badarat di Asia kidul-wetan . [2] Kecap kabaya dihartikeun minangka rupa pakean (kaluhuran/kameja awewe) mimiti anu dipake ku awewe Indonesia dina abad ka- 15 atawa ka- 16 Masehi. [2] Samentara eta, nu sejenna oge percaya, kabaya aya pakait jeung pakean tunik awewe dina mangsa kakaisaran Ming di Cina , sarta pangaruh ieu sumebarna sanggeus imigrasi gegedean nu maluruh semenanjung Asia Kidul jeung Asia Kidul-wetan di abad ka- 13 nepi ka- 16 Masehi. [2] Pangaruh ieu terus sumebar ka Malaka , Jawa , Bali , Sumatera , jeung Sulawesi . [3] Leupas ti asal usulna saperti Arab , Portugis , atawa Cina, yen sumebarna emang ti lebah kaler Kapuloan Indonesia. [2] Hartina, nagara-nagara anu kaliwatan ku jajahan kawas Arab, Portugis, sarta Cina, bisa jadi mibanda versi kabayana sorangan, nu ahirna Jawa jadi udagan sumebarna alatan teu kapanggih tapakna deui di kapuloan Pasifik Kulon atawa semenanjung kaler Australia . [2] Masarakat Jawa, basa eta leuwih mikawanoh lawon panjang, tinun , tali, sarta kekemben minangka pakean sapopoe. Aya oge anu boga pamadegan yen di mangsa ieu kabaya kawates dipake di golongan karajaan wae. [2] Hanjakalna, bukti-buktina pohara hengker. [2] Lawon nu bahanna ramat alam di nagari tropis kawas Indonesia gampang pisan ancur alatan beueus, kaayaan hawa, nepi ka mikroorganisme nu ngadaharna. [2] Bukti anu henteu bisa disebutkeun kuat nyaeta arca-arca sarta relief anu ditatah, lolobana dina wangunan kuno abad ke- 13 nepi ka- 15 . [2] Tapi, euweuh pola atawa gambaran asli anu ngajelaskeun ayana kabaya di mangsa harita. [2]

Kamekaran Kabaya di Indonesia [ edit | edit sumber ]

Kamekaran kabaya raket oge patalina jeung sumebarna agama Islam di Indonesia nu kira-kira di abad ka- 15 . [3] Parobahan budaya pakean katempo dina kamekaran karajaan-karajaan Jawa kuno ka jaman kasultanan atawa karajaan Islam di Pulo Jawa . [3] Samemeh abad ka- 15 , masarakat Jawa kuno leuwih wnoh kana lawon panjang, tinun , tali, atawa kekemben. [3] Kaislaman pohara kuat mangaruhan kamekaran kabaya di mimiti-mimiti kamekaranana. [2] Awalna kabaya teh mangrupa kaluhuruan panjang ngawangun tunik basajan anu nyodor ti beuheung nepi ka tuur (baju kurung). [2] Hal ieu ngingetkeun urang baris abaya sarta kabaya Malayu . [2] Pakean kawas kieu saolah-olah ngeserkeun kekemben tradisional. [2] Di sawatara tungtung Indonesia komo bisa kapanggih awewe anu katembong tampa kaluhuran naon wae (Bali, Lampung, Jawa). [2] Kabiasaan pakean macem eta oge milu kaeserkeun, cacak dina sawatara acara adat kudu papakean kawas kitu deui, utamana di Bali . [2]

Di taun 1600 , kabaya dipake sacara resmi ku kulawarga karajaan. [3] Sanggeus sumebarna agama Islam, kabaya jadi pakean nu kasohor, oge jadi ciri kaayaan hiji jalma. [3] Dokumentasi heubeul Karajaan Islam Cirebon , Surakarta , atawa Yogyakarta nembongkeun yen make pakean ieu jadi bagean kulawarga karajaan. [3] Kaluhuran kabaya biasana digabungkeun jeung samping batik, salaku jarit atawa ka handapan. Di jaman Kartini, kabaya sorangan oge dipake ku awewe Walanda nu sarua digabungkeun jeung samping batik. [3]

  • Jaman Jajahan Walanda-Jepang

Mangsa jajahan Walanda , kabaya dipake pakean resmi awewe Eropa . [3] Harita, kabaya ngan ukur make lawon tinunan mori nu satuluyna ditambahan make sutera jeung sulaman nu warna warni. [3] Pakean ieu oge disebut "Nyonya Kabaya" ku jalma-jalma katurunan ti Malaka . [3] Kabaya Nyonya ieu teh endah parat, blus bordir nu dipake sapasang jeung sarung batik ku awewe katurunanna. [4] Awalna, kabaya dipake kalayan sarung sarta kaos alus nu aya mutean, nu mindeng disebut "Kasut Manek" nepi ka ngalaman parobahan. [3] Hiji garmen anu sarupa disebut "Nyonya kabaya" dijieun mimitina ku jalma-jalma katurunan ti Malaka . [4] Maranehna make kabaya sarta sapatu , manik-manik, sarung , anu disebut kasut manek tea. [4] Ayeuna, kabaya Nyonya baris ngaliwatan jaman kawangunan rohani , sarta jadi kasohor di golongan masarakat nu sejen Asia . [4] Di abad ka- 19 , kabaya geus jadi pakean sapopoe pikeun maluruh kelas sosial, rek awewe Jawa atawa katurunan Walanda. Kabaya oge kungsi jadi pakean wajib awewe Walanda nu hjrah ka Hindia (sebutan Indonesia jaman harita). [3] Kabaya oge kungsi ngalaman turun darajat dina mangsa jajahan Jepang , sabot jaman harita kabaya dihartikeun salaku pakean nu dipake ku kaom pribumi nu ditahan jeung pagawe paksa di jaman harita. [3]

  • Jaman Kamerdekaan

Di jaman kamerdekaan, kabaya jeung batik jadi ciri pajoangan sarta nasionalisme . [3] Ajen sarta kalungguhanana naek jeung deui dijadikeun pakean di acara-acara resmi atawa kanagaraan. [3] Kabaya mibanda harti ngirut hate, endah, sarta nu ningali bisa kapincut. [3] Leupas ti sajarah naek jeung turunna kabaya, kamekaran kabaya sorangan teh loba pisan jenisna. [3] Ayeuna kabaya lain ukur dipake acara resmi hungkul. [3] Loba desainer nu ngalakukeun parobahan ku cara ngagabungkeun kabaya jeung ka handapanna, aksesorisna, atawa corak nu leuwih leupas. [3] Kabaya oge lain ukur dipake ku golongan ibu-ibu, tapi leuwih lega oge pikeun budak awewe nu ngora. [3] Jenis kabaya pang lobana dipake nyaeta di Kapuloan Jawa sarta Bali , bisa kasampak disusud kabaya dipake di Jawa, sarta ti ahir abad 19 nepi ka mimiti abad ka- 20 sarta saterusna. [5] Lahirna kabaya-kabaya jieunan Anne Avantie , Marga Alam , Adjie Notonegoro , Biyan Wanaatmadja , Sebastian Gunawan nepi ka desainer-desainer ngora kawas Priyo Oktaviano , Rusly Tjohnardi , Ferry Sunarto sarta loba deui bukti parobahan kabaya eta. [2] Kabaya jieunan desainer-desainer tadi asup ka sabudeureun lokal sarta bisa asup ka bawahan internasional. [2] Pagelaran-pagelaran pola-pola kabaya nu paunggul-unggul, kritik, sarta pupujian mere akibat anu pohara ngawangun. [2] Kabaya kiwari leuwih ti saukur identitas, kabaya oge hiji komoditi sarta jati diri bangsa Indonesia .

Kalungguhan Kabaya di Indonesia [ edit | edit sumber ]

Kabaya mangrupa hal nu bisa ngawujudkeun cita-cita nu tangtu tina ' feminitas ' dina kasadaran basa Indonesia. [5] Minangka pilihan pakean nasional awewe, salila era Soekarno taun 1940 , kabaya geus mucunghul pikeun identitas awewe nu tangtu tina ajen tradisional. [5] Kartini geus lila jadi simbol emansipasi awewe di Indonesia nu geus jadi wawakil kabaya abad ka- 19 " Proto-feminis " sosok Raden A. Kartini. [5] Dina mieling kahirupan Kartini, murid awewe di sakumna Jawa sarta wewengkon sejen biasana sok make pakean tradisional, anu kaasup kabaya. [5] Dina pamakean kabaya, bisa katempo pulitik multaneously anu ngawakilan 'kamajuan' sarta ' talari ', make kabaya teh nyaeta minangka pilihan pakean sapopoe pikeun generasi anu leuwih kolot ti awewe kaom malarat dayeuh kolot sarta pilemburan di Jawa sarta Bali . [5] Tina sakabeh pakean formal, kabaya oge boga kagunaan minangka hiji bagian pikeun kagunaan sejen, kaasup upacara kawinan, wisuda , atawa upacara sipil sejenna, sarta awewe nu digawe pikeun saragam gawena di industri wisata sarta hotel . Kabaya oge boga mangpaat tina sawatara estetika , harti formulir, sarta pakakas pikeun eksplorasi dina konstruksi identitas budaya sarta parobahanna, hususna dina hubungan jeung aspek 'feminin'. [5] Ieu kasampak kumaha datangna 'feminitas' dina hubungan identitas budaya, pribadi sarta babarengan. [5] Kabaya Indonesia bisa unggul liwat siluet ultra feminin, kabaya teh gunana ngabunian awak awewe, nyieunna aya cahya , pangawakan jadi ngadekok sampurna. [2] Kabaya can bisa kapanggih di tempat sejen, komo tempat-tempat anu dipercaya minangka cikal bakal kabaya kasebut mangaruhan Indonesia. [2] Kabaya bisa jadi baris geura-giru ngasupan kosa-kecap Inggris kawas batik sarta iket. [2] Lamun geus kitu, moal aya nu bisa ngobah kalungguhan kabaya di Indonesia. [2] Kabaya ngahontal kamulyaan seni anu pangluhurna di ieu nagari. [2]

Cara Make Kabaya Awewe Sunda [ edit | edit sumber ]

  • Pakean awewe Sunda: [6]
  1. Samping Kebat
  2. Kutang
  3. Beubeur atawa angkin
  4. Kabaya
  • Cara Make Kabaya:
  1. Samping Kebat: Samping Kebat (batik panjang),dibeberkeun di tukangeun awak, rata-rata dina cangkeng.
  2. Sisi tungtung sarung palebah katuhu dilipet ka palebah kenca nepi ka tengah cangkeng bagian hareup atawa nepi ka cangkeng palebah kenca
  3. Sarung ti palebah kenca dibeulitkeun ka palebah katuhu, tuluy ka tukang, ka hareup deui nepi ka tungtung sarung aya di tengah-tengah cangkeng bagian hareup, atawa di palebah katuhu hareup.
  4. Biasana mun aya di imah, panjang sarung dipakena ngan ukur nepi ka sawates tengah bitis.
  5. Lamun make kutang, biasana make kutang kurung
  6. Saterusna karek dipake kabaya anu aya beulahanana di hareup. [6]

Galeri [ edit | edit sumber ]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. a b c d e f (id) Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta.2000.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x (id) Kabaya Archived 2011-10-25 di Wayback Machine (Diakses tanggal 27 September 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u (id) Pentasari,Ria. 2007. Chic In Kebaya. Jakarta:Erlangga Kaca. 13
  4. a b c d (en) Nyonya kabaya
  5. a b c d e f g h (en) Kalungguhan Kabaya Archived 2007-09-05 di Wayback Machine (Diakses 27 Desember 2011)
  6. a b (id) DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN.Pakaian Tradisional Daerah Jawa Barat.1988.Kaca 40