한국   대만   중국   일본 
Isolasi (medis) - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Isolasi (medis)

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Ilustrasi bangsal tuberkulosis nuduhkeun sababaraha aspek infeksi jeung isolasi ku rumah sakit: kadali teknis (saluran udara khusus), alat pelindung pribadi (masker N95), tanda peringatan sareng label (asup dikontrol), wadah pamiceunan husus, jeung praktik manajemen kualitas.

Isolasi mangrupa salah sahiji cara anu bisa dilaksanakeun keur ngadalikeun hal-hal anu aya patalina jeung infeksi, saperti sumebarna panyakit ti hiji pasien ka pasien sejen, pagawe kasehatan , nu ngalongok, atawa ti luar pasien anu keur diubaran (isolasi pabalik). Isolasi mindeng dilarapkeun ka pasien anu bisa nepakeun panyakitna ka nu sejen. [1] Alat-alat khusus anu dipake keur ngarojong proses isolasi nyaeta alat pelindung diri (papakean tinangtu, masker , sarung leungeun ), kontrol teknis (kamar tekanan positip, kamar tekanan negatip, alat-alat aliran udara laminar, jeung sababaraha panghalang mekanik atawa struktural . [2] Kamar isolasi khusus bisa dijieun di rumah sakit, atawa bisa ngawangun unit isolasi saheulaanan dina kaayaan darurat epidemi.

Kamer isolasi [ edit | edit sumber ]

Kamer isolasi mangrupa tempat saheulaanan anu tujuanana nungguan rujukan atawa ambulan keur pasien anu disangka infeksi. Ambulan bisa ditempatkeun deukeut ruang isolasi sangkan gampang lamun langsung dirujuk sabab kurang kapasitas isolasi anu sadia. [3] Kamer isolasi mangrupa rohangan nu disadiakeun keur ngungkulan nepana panyakit anu baris jadi wabah lamun diantep kitu wae. Kamer isolasi miboga tekenan hawa negatip jeung tekenan hawa positip.

  • Kamer isolasi anu ngagunakeun tekenan hawa negatip dipake keur pasien anu katepaan hiji pnyakit ngaliwatan hawa. Kalayan ieu tekenan negatip, hawa tina jero kamar isolasi anu nyangkaruk kuman pamawa infeksi henteu kaluar jeung ngotorkeun hawa di luar. [4]
  • Kamar isolasi anu ngagunakeun tekanan hawa positip dipake keur pasien anu gampang pisan katepaan. Tekanan hawa anu positip dibawa tina hawa anu geus disaring jeung diberesihan, tuluy dikompa kana rohangan tuluy-tumuluy nepi ka kamer isolasi tetep steril. [5]

Isolasi Mandiri [ edit | edit sumber ]

Cara ngaganukeun masker keur usum sasalad.

Pusat Pengendalian dan Pencegahan Penyakit Amerika atawa CDC ngadadarkeun isolasi mangrupa tindakan misahkeun jalma-jalma anu ngalaman panyakit tatalepa jeung jalma-jalma anu sehat teu boga riwayat infeksi nanaon. [6] Isolasi mandiri mangrupa paripolah ngawatesan diri tina lingkungan sabudeureunana. Waktu isolasi kudu dilaksanakeun leuwih ketat, hususna keur manula atawa lansia, ngandeg, jeung jalma kalawan kasorang panyakit anu tangtu. [7] Keur pasien anu miboga resiko gede, sakabeh kagiatan sapopoe dieureunkeun salila 14 poe. Sanggeus kitu dilakukeun pamariksaan keur nangtukeun infeksi SARS-CoV-2 (Sasalad Covid-19) bari tetep isolasi mandiri sacara prosedural. Sedengkeun pikeun pasien anu katepaan ku infeksi anu teu parna ulah teuing diubaran di rumah sakit, tapi pasien tetep kudu diajar tindakan ngungkulan tepana virus . Isolasi mandiri dilaksanakeun nepi ka pasien meunang hasil uji virologi negatip dua kali patungturun kalayan nyokot conto minimal 24 jam. Lamun teumungkin dilakukeun, pasien anu kakeunaan infeksi teu parna kudu diisolasi salila dua minggu sanggeus gejala ngaleungit. [8]

Protokol isolasi mandiri saperti kieu.

  • Cicing di imah , ulah indit ka tempat digawe jeung tempat umum.
  • Gunakeun kamer anu misah ti anggota kulawarga anu sejen. Lamun bisa ngajaga jarak kurang leuwih sameter ti anggota kulawarga anu sanes.
  • Salawasna ngagunakeun masker salila isolasi mandiri.
  • Gunakeun termometer keur ngukur suhu awak sapopoena jeung unggal waktu ngalakeukeun observasi gejala klinik saperti batuk jeung eungap.
  • Ulah tukeur parabot ( piring , sendok , garpuh , gelas ) jeung alat mandi ( anduk , sikat gigi, siwur jeung sendal ).
  • Larapkeun Paripolah Hirup Bersih jeung Sehat (PHBS) ku cara ngadahar tuangeun anu bergizi, ngawasuh leungeun sacara rutin, ngawasuh leungeun ku sabun jeung cai anu ngocor, jeung biasa ngalarapkein etika lamun kasorang batuk.
  • Mun bisa unggal poe moyan handapeun panonpoe isuk-isuk.
  • Beresihan imah ku cairan disinfektan.
  • Langsung nelepon fasilitas kasehatan lamun karasa leuwih parna sangkan gancang dipariksa jeung diubaran . [9]

Balukar [ edit | edit sumber ]

Isolasi penting pisan dilakukeun pikeun nyingkahan sumebarna panyakit, tapi pasien kudu narima akibatna sewang-sewangan. Pasien anu diisolasi teu bisa narima kunjungan ti kulawarga atawa babaturan anu pangdeukeutna. Ieu prosedur bisa ngakibatkeun pasien ngarasa sorangan, ieu hal bakal ngaronjatkeun rasa kahariwang, depresi , ngurangan kapercayaan, tanaga , jeung nyirorotna interaksi sosial anu dialaman ku pasien. [10]

Barudak jeung pamuda ngalaman tingkat depresi anu kaliwat saking sanggeus ngaliwatan proses isolasi. Layanan kasehatan mental oge diperelukeun pikeun ngungkulan ieu pasualan. Lian ti eta, isolasi oge bisa ngabalukarkeun rasa frustasi muncul, bosen, kaleungitan kauangan sapopoe sabab geus ninggalkeun pagaweanana, jeung ngawaragadan biaya medis salila periode isolasi. [11]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. Lawrence J; May D (2003). Infection control in the community . Elsevier Health Sciences. p. 136. ISBN   978-0-443-06406-7 .   [ tumbu nonaktif ]
  2. Uys LR (1999). Fundamental nursing . Pearson South Africa. p. 249. ISBN   978-0-636-04208-7 .  
  3. World Health Organization (2020). Pusat Pengobatan Infeksi Saluran Pernapasan Akut Berat (PDF) . Geneva, Switzerland: World Health Organization. p. 42.  
  4. Putra, Andika Chandra dan Sarah Fitriani (2020). Seri 3: COVID-19 & NEW NORMAL Informasi yang harus diketahui seputar Coronavirus (dalam Indonesian). Jakarta: SPASI MEDIA. p. 39. ISBN   978-623-270-402-2 .  
  5. Redaksi, (Ditinjau Dr. Meva Nareza). "Fungsi Ruang Isolasi di Rumah Sakit dan Kondisi yang Memerlukannya" . Alodokter . Diakses tanggal 2021-03-04 .  
  6. "Quarantine and Isolation | Quarantine | CDC" . www.cdc.gov (dalam en-us) . Diakses tanggal 2021-03-22 .  
  7. Shihab, Nahla (2020). Covid-19: Kupasan Ringkas yang Perlu Anda Ketahui (dalam Indonesian). Tangerang Selatan: Lentera Hati Group. p. 40. ISBN   978-602-8740-75-3 .  
  8. Susilo, A. dkk (2019). "Coronavirus Disease 2019: Tinjauan Literatur Terkini Coronavirus Disease 2019: Review of Current Literatures" . Penyakit Dalam Indonesia 7 (1): 59-60 . http://jurnalpenyakitdalam.ui.ac.id/index.php/jpdi/article/download/415/228 .   Archived 2020-07-30 di Wayback Machine
  9. Marzuki, Ismail; Bachtiar, Erniati; Zuhriyatun, Fitria; Purba, Agung Mahardika Venansius; Kurniasih, Hesti; Purba, Deasy Handayani; Chamidah, Dina; Jamaludin, Jamaludin; Purba, Bonaraja (2021). COVID-19: Seribu Satu Wajah (dalam Indonesian). Medan: Yayasan Kita Menulis. p. 90. ISBN   978-623-6840-51-1 .  
  10. Langlands, Bryan. "How To Reduce Social Isolation For Healthcare Workers And Patients During The Coronavirus Pandemic" . Forbes . Diakses tanggal 2021-03-22 .  
  11. Loades, Maria Elizabeth; Chatburn, Eleanor; Higson-Sweeney, Nina; Reynolds, Shirley; Shafran, Roz; Brigden, Amberly; Linney, Catherine; McManus, Megan Niamh et al. (2020-11). "Rapid Systematic Review: The Impact of Social Isolation and Loneliness on the Mental Health of Children and Adolescents in the Context of COVID-19" . Journal of the American Academy of Child and Adolescent Psychiatry 59 (11): 1218?1239.e3. doi : 10.1016/j.jaac.2020.05.009 . ISSN   0890-8567 . PMC   7267797 . PMID   32504808 . https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC7267797/ .