Dolph Lundgren

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Dolph Lundgren

Hans Lundgren atawa dipikawanohna mah Dolph Lundgren (gumelar di Stockholm , Swedia , 3 Oktober 1957; umur 66 taun) nyaeta saurang aktor Hollywood asal Swedia. Salian dipikawanoh salaku aktor, dirina oge dipikawanoh salaku saurang sutradara sarta pacinta seni bela diri. Dolph lahir ti pasangan Brigitta anu saurang guru basa sarta Karl Lundgren saurang insinyur jeung ahli ekonomi pikeun pamarentah Swedia. Dolph boga dua urang dulur awewe sarta saurang dulur lalaki. Lundgren digedekeun di lingkungan anu kentel ku agama gareja Lutheran. Mangsa ngorana dibeakkeun dina neuleuman mangrupa-rupa cabang bela diri jeung olahraga.

Karir [ edit | edit sumber ]

Olahraga jeung atikan [ edit | edit sumber ]

Lundgren ngamimitianna salaku sauarang atlet angkat beusi dina klub angkat beusi lokal, sarta ngahasil meunangkeun paringkat katilu dina kajawaraan angkat beusi nasional junior Swedia. Lundgren oge kacatet salaku panyekel Dan III sabuk hideung karate dina Kyokushin Karate, sarta pernah meunangkeun kajawaraan Eropa dina taun 1980 jeung 1981 , oge kajawaraan angkat beusi di Australia dina taun 1982 . Nalika masih nyekel sabuk hejo keneh mah, dirina geus jadi kapten tim Kyokushin Karate Swedia dina World Open Tournament taun 1979 . Lian karate Kyokushin, Lundgren oge nekunan anggar , tinju , judo , jeung Goju-ryu . Salian prestasi di widang bela diri, Lundgren oge lumayan nyongcolang dina widang atikan, sanggeua lulus ti Royal Institute Technologi, sarta nyekel gelar S2 ti University of Sydney Jurusan Teknik Kimia. Lundgren oge meunangkeun beasiswa pikeun sakola di Massachusetts Institute of Technology, tapi diengkeun pikeun ngudak karir akting. Lundgren ngawasaan leuwih ti 5 basa, saperti basa Swedia , basa Inggris , basa Jerman , basa Perancis , basa Spanyol , saeutik basa Jepang jeung basa Italia .

Perpileman [ edit | edit sumber ]

Lundgren dipikawanoh salaku aktor ku waragad jangkung gede (195 sentimeter/111,5 kilogram) anu ngajadikeunna kaasup kana golongan aktor laga gede saperti Sylvester Stallone , Arnold Schwarzeneger , jeung Jean-Claude Van Damme , anu kasakabehna teh pernah gawe bareng jeung manehna dina sawatara pilem. Pilem debutna nyaeta peranna salaku saurang Rusia anu ngaranna Venz dina pilem James Bond A Viwe To Kill dina taun 1985 . Sanggeusna, Lundgren ngelehkeun 5.000 urang lianna pikeun peranna salaku Ivan Drago dina Rocky IV, anu adu akting jeung kamampuh bela dirina jeung Sylvester Stallone. Dina awalna mah manehna ditolak ku sabab jangkung teuing, tapi antukna mah ditarima sanggeus manehna latihan binaraga sarta tinju. Sanggeus kitu Lundgren meunang peran utama munggaranna dina He-Man: The Master Of The Universe . Lundgren oge maen dina Red Scorpion jeung The Punisher .

Dina taun 1990 , manehna mimiti maen jeung sababaraha aktor laga kasohor, saperti Brandon Lee dina Showdown In Little Tokyo, Jean-Claude Van Damme dina Universal Soldier, Vic Armstrong dina Joshua Tree, Keanu Reeves jeung rea deui. Sanggeus jadi aktor, Lundgren oge ngamimitian debutna salaku sutradara dina pilem The Defender jeung The Mechanic. Loba pilem sejen anu disutradaraan, saperti The Inquiry, Dioamond Dogs, jeung Missionary Man. Anu panungtung, Lundgren ngabentangan pilem Direct Contact jeung Command Performance anu dipedal dina Nopember 2009 . Lundgren oge adu akting deui jeung Van Damme dina Universal Soldier: Regeneration dina Pebruari 2010 .