한국   대만   중국   일본 
Diabetes melitus - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Diabetes melitus

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Diabetes mellitus
Klasifikasi jeung sumber luar
Lambang buleudan bulao PBB pikeun diabetes. [1]
ICD - 10 E 10. ? E 14.
ICD - 9 250
MedlinePlus 001214
eMedicine med/546   emerg/134
MeSH C18.452.394.750

Diabetes melitus ( diabetes mellitus ; IPA : /?da???biːtiːz/ at. /?da???biːt?s/ , /m??la?t?s/ at. /?m?l?t?s/ ), atawa 'neneh'na diabetes , diabet , DM , atawa ceuk urang mah kencing manis atawa kasakit gula , hartina sindrom anu cirina mangrupa gangguan metabolismeu jeung luhurna kadar gula getih ( hiperglikemia ) alatan kurangna hormon insulin atawa resistansi insulin anu dibarung ku kurangna sekresi insulin [2] . Gejala nu utamana nyaeta loba kiih ( poliuria ), hanaang wae sarta cacai nu asup kaleuleuwihi ( polidipsia ), jeung tetempoan rarang-rorong kurang atra. Mun teu pati parna, gejala-gejala kitu teh bisa wae teu karasa ku nu ngalamanana.

WHO nyebutkeun tilu wangun diabetes: diabetes melitus tipeu 1 , tipeu 2 , jeung diabetes reuneuh (narajang ukur nalika kakandungan ) [3] , balukarna tina rupa-rupa faktor jeung beda-beda sebaranana dina unggal populasi. Najan ieu kasakit teh alatan gagalna sel beta dina pangkreas ngahasilkeun insulin nu cukup pikeun ngahalangan hiperglikemia, tapi anu jadi sababna mah beda-beda [4] . Diabetes tipeu 1 biasana alatan karuksakan sel beta otoimun . Diabetes tipeu 2 dicirikeun ku resistansi insulin dina jaringan tujul, antukna insulin nu dipikabutuh kadarna kudu leuwih luhur anu teu bisa kahontal ku sel beta. Diabetes anu keuna ka nu keur kakandungan sarupa jeung tipeu 2, alatan ayana hormon-hormon dina mangsa kakandungan (pikeun wanoja-wanoja anu sacara genetik gampang kakeunaan) anu ngabalukarkeun resistansi insulin.

Tanda & gejala [ edit | edit sumber ]

Gejala umum diabetes

Gejala umum diabetes anu teu ditambaan nyaeta awak ngabegangan, poliuria (kerep kiih), polidipsia (gampang hanaang), jeung polifagia (gampang lapar). [5] Pikeun DM tipeu 1, gejala-gejalana bisa katangen pisan dina jangka waktu sababaraha minggu. Anapon dina DM tipeu 2, gejala-gejalana lila pisan atawa bisa jadi teu katembong karasa ku nu ngalamanana.

Tipe [ edit | edit sumber ]

Panyakit diabetes melitus kabagi jadi dua, nyaeta tipe 1 jeung tipe 2. Diabetes tipe 1 mangrupa panyakit kawedelan awak, waktu antibodi hiji jalma ngaruksak sel -sel pankreas anu ngahasilkeun insulin dina awak jalma. Jalma anu keuna ku panyakit diabetes tipe 1 awakna rada begang, henteu ngahasilkeun insulin, jeung merlukeun suntikan insulin sababaraha kali dina waktu sapoe. Loba di antarana pasien anu kakeunaan alatan ku turunan gen anu tangtu bakal mere kode unsur-unsur dina sistem imun. Sabalikna, diabetes tipe 2 ngalibetkeun ngaronjatna resistansi sel-sel awak kana insulin anu dihasilkeun ku awak sorangan, nepi ka sel-sel gagal nyandak glukosa dina laju normal. Salila pankreas tiasa ngarespon ku ngaleupaskeun leuwih loba insulin, resistansi sel-sel ieu bisa diungkulan nepi gula getih tetep dina wates anu normal. Tapi pamustunganana pankreas bakal kacapean, nu ngabalukarkeun moal bisa deui ngahasilkeun hormon insulin anu cukup, jadi kadar glukosa naek nu ngabalukarkeun pasien kaserang diabetes. Pasien diabetes tipe 2 biasana deukeut kana obesitas dina awakna. [6]

Patofisiologi [ edit | edit sumber ]

Mekanismeu sekresi insulin dina sel beta pangkreas normal - produksi insulin kurang leuwih matuh dina sel beta. Leupasna dirangsang ku asupna kadaharan, utamana kadaharan anu ngandung glukosa anu bisa diserep.

Insulin teh hormon utama anu ngatur diserepna glukosa tina getih kana sel-sel anu aya dina jero awak, utamana hate , otot , jeung jaringan adiposa . Ku kituna, kakurangan insulin atawa insensitivitas reseptorna boga peran penting dina sakabeh bentuk DM. [7] Awak urang narima glukosa tina tilu sumber utama nyaeta peujit tina hasil nyerna kadaharan, glikogen dina ati, jeung glukoneogenesis . [8] Insulin penting pikeun ngatur kasaimbangan kadar glukosa dina jero awak. Insulin bisa ngahalangan dibongkarna glukosa tina glikogen jeung glukoneogenesis, ngarangsang diakutna glukosa kana sel lemak jeung otot, sarta ngarangsang direundeunna glukosa dina wangun glikogen . [8]

Insulin dileupaskeun kana sirkulasi getih ku sel beta (sel-β) anu aya dina islet Langerhans dina pangkreas salaku respons kana naekna kadar glukosa dina sirkulasi, nyaeta sanggeus urang barang tuang. Insulin dipake ku k.l. dua per tilu sel awak pikeun nyerep glukosa tina sirkulasi keur kawangunna energi, konversi jadi molekul anu dipikabutuh, atawa pikeun cadangan tanaga awak. Lamun kadar glukosa dina sirkulasi turun, kadar insulin anu dileupaskeun ku sel-β oge nuturkeun turun. Ieu proses diatur ku glukagon , hormon anu fungsina sabalikna tina insulin. [9]

Tamba [ edit | edit sumber ]

DM kaasup panyakit kronis anu can kapanggih ubarna. Nambaanana oge museur kana ngajaga sangkan kadar gula getih tetep aya dina wates anu normal (euglikemia) ulah nepi ngabalukarkeun hipoglikemia. Carana ku ngajaga dahareun, olahraga, jeung ubar husus (utamana insulin dina kasus DM tipeu 1). Kadar gula getih anu dijaga penting pisan pikeun ngurangan DM anu beuki parna. [10] [11] Lian ti eta, perlu oge nitenan kabiasaan anu bisa nambahan parnana ka nu ngalaman DM, nyaeta dipahing nga roko , hiperkolesterolemia , obesitas , hipertensi , jeung kurang ngalakukeun olahraga . [12]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. "IDF Chooses Blue Circle to Represent UN Resolution Campaign" . Unite for Diabetes. 17 March 2006.   Archived 26 September 2008 di Wayback Machine
  2. L M Tierney, S J McPhee, M A Papadakis (2002). Current medical Diagnosis & Treatment. International edition . New York: Lange Medical Books/McGraw-Hill. pp. 1203?1215. ISBN   0-07-137688-7 .  
  3. World Health Organisation Department of Noncommunicable Disease Surveillance (1999). "Definition, Diagnosis and Classification of Diabetes Mellitus and its Complications" (PDF) .  
  4. Rother, KI (2007). "Diabetes Treatment ? Bridging the Divide" . N Engl J Med 356 (15): 1499-1501 . http://content.nejm.org/cgi/content/full/356/15/1499 .   Archived 2009-09-03 di Wayback Machine
  5. Cooke DW, Plotnick L (November 2008). "Type 1 diabetes mellitus in pediatrics". Pediatr Rev 29 (11): 374?84; quiz 385. doi : 10.1542/pir.29-11-374 . PMID   18977856 .  
  6. Diamond, Jared (2017). The World Until Yesterday . Kepustakaan Populer Gramedia. p. 538. ISBN   9786024241926 .  
  7. "Insulin Basics" . American Diabetes Association . Diakses tanggal 24 April 2014 .   Archived 14 Pebruari 2014 di Wayback Machine
  8. a b Shoback, edited by David G. Gardner, Dolores (2011). Greenspan's basic & clinical endocrinology (9th ed. ed.). New York: McGraw-Hill Medical. ISBN   9780071622431 .  
  9. al.], Kim E. Barrett, ... [et (2012). Ganong's review of medical physiology. (24th ed. ed.). New York: McGraw-Hill Medical. ISBN   0071780033 .  
  10. Nathan DM, Cleary PA, Backlund JY, Genuth SM, Lachin JM, Orchard TJ, Raskin P, Zinman B (December 2005). "Intensive diabetes treatment and cardiovascular disease in patients with type 1 diabetes" . The New England Journal of Medicine 353 (25): 2643?53. doi : 10.1056/NEJMoa052187 . PMC   2637991 . PMID   16371630 . http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2637991 .  
  11. The Diabetes Control and Complications Trial Research Group (April 1995). "The effect of intensive diabetes therapy on the development and progression of neuropathy.". Annals of Internal Medicine 122 (8): 561?8. doi : 10.1059/0003-4819-122-8-199504150-00001 . PMID   7887548 .  
  12. Citakan:NICE