한국   대만   중국   일본 
Buddha - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Buddha

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
  1. redirect Template:Other uses
Tapekong Buddha di candi Borobudur .

Buddha ( Sangsekerta : ????? hartina anu saradar atawa anu nepi kana pangcerahan pituin , tina kecap Sangsekerta: "Budh" anu maknana pikeun mikanyaho ) nyaeta gelar pikeun pribadi anu sadrah kana potensi maranehna sagemblengna pikeun ngamajukeun diri jeung ngamekarkeun kasadaranna. Dina pamakean saheulaanan mah sok dipake pikeun ngarujuk Siddharta Gautama , guru ageman sarta pangadeg Agama Buddha (dianggap "Buddha nu kiwari"). Dina pamakean sejen mah mangrupa tarikan sarta conto pikeun manusa anu geus eling .

Pangagem Buddha henteu nganggap Siddharta Gautama minangka sang hyang Buddha munggaran atawa pamungkas. Sacara teknis, Buddha teh saha bae anu manggihan Dharma atawa Dhamma (anu maksudna: Kahadean; perkara anu sabenerna, akal budi, karuwed jalma, jeung jalan bener kana kabebasan liwat Kasadaran , datang saberes karma anu hade (tujuan) dilanggengkeun saimbang jeung sakabeh tarekah goreng teh kudu dipiceun. Pamarengan nirwana (nibbana) di antara katilu jenis Buddha nyaeta sarupa, tapi Samma-Sambuddha leuwih nekenkeun kana kualitas jeung usaha tinimbang jeung dua lianna. Tilu jenis golongan Buddha teh nyaeta:

  • Samma-Sambuddha anu meunang kasadaran sagemblengna tanpa guru, ngan ku usahana sorangan
  • Pacceka-Buddha atawa Pratyeka-Buddha anu nyrurup Samma-Sambuddha, tapi rajeun cindeten sarta neundeun pamarengan Dharmana dina dirina sorangan
  • Savaka-Buddha anu mangrupa Arahat (panutur kasadaran), tapi marengan undak kasadaran jeung ngadedengekeun Dhamma.

Kitab Suci agama Buddha nyaeta Tripitaka dina basa Sangsekerta atawa Tipitaka dina basa Pali . Citakan:Topik Buddha