Basa Sunda Jasinga

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Sunda Jasinga
?? ????? ????
Dipake di Indonesia
Wewengkon Jawa Kulon (kacamatan Jasinga )
Jumlah panyatur
Rungkun basa Austronesia
Aksara Alfabet Latin
Aksara Sunda Baku
Status resmi
Basa resmi di
Diatur ku Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda
Kode-kode basa
ISO 639-1 Teu aya
ISO 639-2
ISO 639-3 ?

Basa Sunda Jasinga ( Aksara Sunda Baku : ?? ????? ????) nyaeta dialek basa Sunda anu dipake ku urang Sunda anu cicing di kacamatan Jasinga di Kabupaten Bogor sabelah kulon. [1] Dialek ieu boga kadekeutan jeung basa Sunda Banten , [2] nyaeta bersipat egaliter jeung teu meunang undak-usuk basa, ieu beda jeung basa Sunda standar atawa dialek Priangan anu boga undak-usuk basa. [3]

Panalungtikan [ edit | edit sumber ]

Anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan Hari Sakti (2018) nyaeta Jasinga miboga ragam basa anu dipake, ditambah deui kacamatan Jasinga anu padeukeut jeung propinsi Banten . Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho pemetaan anu aya di kacamatan Jasinga, Kabupaten Bogor , Jawa Kulon . Metode panalungtikan anu digunakeun ku panalungtik nyaeta metode deskriptif kualitatif kuantitatif. Obyek panalungtikan nyaeta masarakat kacamatan Jasinga. Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya eta panalungtik sorangan sarta dibantuan ku ngagunakeun 200 kecap dasar Swadesh , 40 kosakata bagian awak jeung 9 kata ganti, sapaan, jeung rujukan. Masalah naon anu ditalungtik nyaeta pemetaan anu aya di kacamatan Jasinga. Hasil panalungtikan nuduhkeun yen dina ieu panalungtikan loba etima, ku kituna bisa disebutkeun aya variasi dialek di kacamatan Jasinga. Salain ti eta, hasil panalungtikan ieu nuduhkeun yen aya gejala parobahan sora anu disebut aferesis, prostesis, sinkop, paragog, jeung entesis. Gejala basa anu dominan dina konteks hiji etima nyaeta pasangan minimal. [3]

Distribusi geograpis [ edit | edit sumber ]

Masarakat kacamatan Jasinga ngagunakeun basa Sunda minangka basa paguneman sapopoe. Kusabab lokasi Jasinga padeukeut langsung jeung propinsi Banten , ku kituna teu bisa dipungkir yen distribusi basa di Banten oge sumebar di kacamatan Jasinga. Teori-teori ditetelakeun di luhur dipake pikeun mikanyaho ngeunaan variasi basa Sunda Banten di kacamatan Jasinga. [4]

Wewengkon anu ngagunakeun dialek ieu ngawengku wewengkon urut kawedanan Jasinga, diantarana kacamatan Jasinga, Tenjo, Parungpanjang, Cigudeg, Nanggung, jeung Sukajaya. Kitu oge wewengkon di Banten anu deukeut jeung dialek Jasinga nyaeta Rangkasbitung jeung sabudeureunana. [3]

Kekecapan [ edit | edit sumber ]

Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya eta wangun daptar patarosan. Angket ieu ngandung 249 kosakata, kalebet 200 kosakata dasar Swadesh , 40 kosakata budaya dasar pikeun bagian awak, jeung 9 kosakata budaya dasar pikeun kecap gaganti, salam, jeung rujukan. [5]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

Catetan suku [ edit | edit sumber ]

Daptar pustaka [ edit | edit sumber ]