Basa Sunda

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Alfabet Latin
     
Basa Sunda
?? ?????
Palapalan [basa s?nda]
Dipake di Indonesia
Wewengkon Jawa Kulon , Banten , Jakarta , sabagean Jawa Tengah ( Indonesia )
Jumlah panyatur 42 yuta (2016)
Rungkun basa Austronesia
Aksara Alfabet Latin (kiwari)
Aksara Sunda Baku (ti sakitar abad ka-17 nika kiwari; pilihan)
Aksara Sunda Kuna (abad ka 14 nepi abad ka-18, pilihan)
Cacarakan (abad ka-17 nepi abad ka-19 dina sababaraha wewengkon)
Aksara Pegon (abad ka-17 nepi abad ka-20; pikeun kaperyogian ageman, pilihan)
Status resmi
Basa resmi di Jawa Kulon
Banten
Diatur ku Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda
Kode-kode basa
ISO 639-1 su
ISO 639-2 sun  
Ethnologue edisi ka-14: SUN
ISO 639-3 sun

Basa Sunda (?? ?????) nyaeta basa nu dipake ku kurang leuwih 41 juta jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6 persen ti populasi Indonesia . [1] Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronesia - Malayo-Polinesia - Malayo Kulon-Polinesia - Sundik nu mibanda sababaraha dialek/logat dumasar padumukan jalmana:

Parahiangan teh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialek utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Kulon . [2]

Kalungguhan Basa Sunda [ edit | edit sumber ]

Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda, boh anu dumuk di Jawa Kulon, boh di saluareunana nu aya teureuh Jawa Kulon. Jumlah panyaturna oge kaitung rea, malah kaasup basa daerah kadua panggedena di Indonesia sanggeus basa Jawa .

Basa Lulugu [ edit | edit sumber ]

Sabada puseur dayeuh Karesidenan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung , Kalungguhan basa Sunda teh jadi basa pribumi.

Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih luhung kalungguhanana tibatan basa Sunda wewengkon sejenna. Samalah dina Lambaran Nagara ( Staatsblad ) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yen "basa pribumi anu diajarkeun di Jawa Kulon teh nyaeta "Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola , nyaeta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola teh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku . Atuh basa Sunda wewengkon Bandung oge robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku.

Basa Wewengkon [ edit | edit sumber ]

Istilah basa lulugu (baku) teh kuduna mah dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (teu baku) . Ngan pedah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawanan tina basa Sunda lulugu. Ari basa wewengkon lumakuna ukur di wilayah-wilayah nu tangtu wungkul, kadang ku urang Bandung mah kurang ngarti lamun urang saluareun Bandung komunikasi ngagunakeun basa wewengkon. Dina basa wewengkon teh nu khasna lain ukur diksi na wungkul, tapi lentong atawa lagu kalimahna oge kadang beda-beda ungga wewengkonna. Contona kieu.

  • Ciamis : kosi (kungsi), cuang (urang), tukeur torog (tukeur tambah), jeung sajabana.
  • Kuningan : nembok (ninyuh), beca ( kicimpring ), dewek (maneh), ageh (tangtu), menit (lieur), jeung sajabana.
  • Jeung wewengkon sejenna.

Sajarah [ edit | edit sumber ]

Mangsa I (samemeh abad ka-16 M) [ edit | edit sumber ]

Nepi ka taun 1600 Masehi, basa Sunda teh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara , Galuh , Kawali , jeung Pajajaran . Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan kana basa Sansakerta saperti anu katembong dina prasasti titinggal Purnawarman , malah aksarana oge make aksara Pallawa . Basa Sunda alam harita dipake dina widang kanagaraan, kasenian , jeung kahirupan sapopoe, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kuna saperti Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian , Carita Parahyangan , Amanat Galunggung , jeung Guru Talapakan .

Mangsa II (sabada abad ka-16 M) [ edit | edit sumber ]

Dina ieu mangsa, tatar Sunda kacicingan ku Mataram . Nu kapangaruhan panggedena dina widang pamarentahan, basa, jeung kasusastraan. Dina ieu abad, mimiti aya konsep undak-usuk basa nu sarua jeung unggah-ungguh boso (Jawa). Lian ti eta, basa Sunda loba dimekarkeun dina widang kasusastraan, utamana wangun puisi ( pupuh ). Malah kasusastraan harita (pupuh) dianggap pangagungna ku sabab dipake ku para menak jeung cendikiawan alam harita.

Mangsa III (1800-1900 M) [ edit | edit sumber ]

Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaseselan ku basa Walanda , ngaliwatan para bupati jeung pagawe Walanda. Memang harita mah wewengkon Sunda teh geus aya dina genggeman pamarentah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Laten teh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti eta basa Sunda oge mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca -na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).

Mangsa IV (1900-1945 M) [ edit | edit sumber ]

Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki rea, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki tembong bae pangaruh basa Walanda kana basa Sunda teh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipake dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah make aksara Laten. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaes Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari) [ edit | edit sumber ]

Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut oge mangsa sabada perang , basa Sunda dipake dina kahirupan sapopoe, pustakamangsa, sastra , kabudayaan , jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonesia. Dina istilah-istilah basa kosta memeh asup kana basa Sunda teh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipake ku masarakat kota , nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaeta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).

Fonologi [ edit | edit sumber ]

Unggal basa diwujudkeun ku sora . Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora sok dijadikeun dasar ulikan tulisan atawa tata aksara . Sora nu diulik teh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu sok disebut sora basa (fon) . Sora basa aya nu beda kadengena, aya anu mirip. Sora basa anu kadenge beda atawa mirip tur bisa ngabedakeun harti kecap disebut fonem . Fonem so ditulis di antara dua gurat condong /.../. Upamana bae, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa fonem lantaran opatanana bisa ngabedakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap. [3]
/bat a k/
/bat i k/
/bat u k/
/bat o k/
/bat e k/

Fonem dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa kecap , ilaharna teu ngabedakeun harti. Variasi ucapan fonem anu teu ngadedakeun harti disebutna alofon , sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana bae, sora /o/ dina kecap boboko jeung dina kecap noong aya bedana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [?].
Kiwari, sakumaha di sakabeh wewengkon Indonesia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin . Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), e, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan sejen nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris , lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.

Tata Basa [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Tata Basa Sunda .

Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaeta:

  • taya parobahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses . Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari , ayeuna , tadi , jsb.
  • teu mibanda gender dina kecap-kecapna. ku kituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu beda.

Sistem Tinulis [ edit | edit sumber ]

  Tempo oge : Aksara Sunda .

Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, di antarana:

  • aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipake pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipake nepi ka abad ka-7,
  • aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • aksara Cacarakan atawa aksara Jawa pikeun basa Sunda, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • aksara Pegon , utamana di lingkungan pasantren , ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • aksara Latin , mimiti dipake ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda,
  • aksara Sunda Baku , anu diturunkeun tina aksara Sunda Kuna sakaligus dibakukeun dina taun 1990an nu kiwari geus ilahar dipake salaku alternatif tina aksara Latin.

Sacara resmi, pamarentah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2014 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakeeun sapopoe.

Tata Krama [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Tatakrama Basa Sunda .

Tatakrama minangka hiji hal anu oge leket dina basa Sunda, utamana dina dialek utamana ( Parahiangan ). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yen diajar tatakrama basa Sunda teh hese, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajenan.

Gaya Basa [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Gaya Basa (Sunda) .

Kawas basa Indonesia , dina basa Sunda oge aya sababaraha gaya basa, contona:

Sastra [ edit | edit sumber ]

  Artikel utama : Sastra Sunda .

Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen , di antarana:

  • Puisi
  1. mantra : jampe, singlar, jangjawokan, rajah, asihan, pelet.
  2. sisindiran : paparikan , wawangsalan , sesebred
  3. pupuh : 17 Pupuh
  4. kawih jeung kakawihan
  5. guguritan
  6. pupujian
  7. wawacan
  8. carita pantun
  9. Sajak
  • Prosa
  1. Dongeng
  2. Novel
  3. Carita Pondok
  4. Drama
  5. Fiksimini

Tumbu kaluar [ edit | edit sumber ]

Dicutat tina [ edit | edit sumber ]

  1. Lutfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda . Jakarta: Frasa Lingua. p. 2. ISBN   9786026475275 . Diakses tanggal 26 Maret 2020 .   Archived 2021-04-14 di Wayback Machine
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda . Jakarta: Frasa Lingua, Arvin Mahardika, Tsalaisye N.F. p. 1. ISBN   9786026475275 . Diakses tanggal (disungsi ? 21 Mei 2020) .   Archived 2021-04-14 di Wayback Machine
  3. Sudaryat, Yayat. Tata Basa Sunda Kiwari. 2011. Bandung: Yrama Widia.