한국   대만   중국   일본 
Banteng - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Banteng

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Banteng
Banteng jalu di Taman Nasional Alas Purwo
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Genus:
Spesies:
B. javanicus
Ngaran binomial
Bos javanicus

Banteng ( Bos javanicus ) teh sapi liar nu aya di Myanmar , Tailan , Kamboja , Laos , Vietnam , Kalimantan , Jawa , jeung Bali . Dina mangsa kolonisasi Inggris ( 1849 ), Banteng aya nu dibawa ka Australia Kaler 1849 pikeun kalangenan moro [1] .

Dedegan [ edit | edit sumber ]

Banteng jangkungna bisa nepi ka 1,6 m lebah pundukna, sedengkeun panjangna 2,3 m. Nu jalu beuratna bisa nepi ka 680 ? 810 kg, sedengkeun nu bikangna mah leuwih leutik, tapi nu badag pisan mah bisa nepi ka saton. Pakulitan banteng bodas lebah suku handap jeung bujurna. Nu jalu kelirna semu wulung nepi ka hideung, tandukna ngadangkak ka luhur, sedengkeun nu bikang kelirna coklat semu beureum jeung tandukna leutik. [2] [3]

Sebaran [ edit | edit sumber ]

Panalungtikan Pebruari 2005 nunjukkeun yen populasi banteng di Tanjung Cobourg aya 10.000 hulu, jadi gorombolan panglobana di sakuliah dunya, sabab di habitat aslina mah kurang ti 500 hulu.

Paripolah [ edit | edit sumber ]

Banteng hirup di leuweung anu rada carang, kadaharanana jukut, awi, bungbuahan, dangdaunnan, jeung dahan ngora. Liarna beurang-peuting, tapi mun di wewengkon nu deukeut jeung manusa mah biasana sok liar peuting (nyingkahan tepung jeung manusa). Gorombolan banteng biasana ukur ngawengku 20-30 hulu.

Di sababaraha wilayah di Asia Tenggara , banteng dipiara; jumlahna nepi ka 1,5 juta hulu. Banteng liar jeung nu diingu bisa dikawinkeun, sarta turunanana lolobana bisa anakan.

Subspesies [ edit | edit sumber ]

Banteng jalu kelirna wulung
  • Banteng Jawa ( B. j. javanicus ): Jawa ; Jalu hideung, bikang coklat.
  • Banteng Kalimantan ( B. j. lowi ): Kalimantan ; Leuwih leutik batan Banteng Jawa, nu jalu kelirna coklat kolot.
  • Banteng Birma ( B. j. birmanicus ): Birma , Tailan , Kamboja , Vietnam ; Jalu jeung bikang sarua coklat, tapi di Kamboja kira 20% jaluna hideung, sedengkeun di Tanjung Malayu jeung Tailan lolobana hideung. Subspesies ieu ku IUCN diasupkeun kana golongan kritis kaancam punah.

Kloning [ edit | edit sumber ]

Banteng geus bisa diklon, malah kaasup spesies kaancam punah kadua anu bisa diklon [1] , [2] Archived 2017-03-05 di Wayback Machine sarta nu munggaran bisa hirup leuwih ti saminggu (nu kahijina Gaur nu paeh dina umur dua poe sanggeus borojol).

Media [ edit | edit sumber ]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. Endangered cattle (Banteng) find pastures new, 5th August 2005, New Scientist
  2. Supriatna, Jatna (2008). Melestarikan alam Indonesia . Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 24. ISBN   9789794616963 . Diakses tanggal 7 Feb 2021) .  
  3. Rigg, Jonathan (1862). Rigg . Universitas Harvard: Lange. p. 40.   Disungsi pebruRi

Tumbu kaluar [ edit | edit sumber ]