한국   대만   중국   일본 
Bengsin - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Bengsin

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Pom Bensin
Bensin dina Toples

Bensin atawa bengsin nyaeta minyak nu saperti cai fungsina pikeun ngahirupan jeung ngajalankeun mobil , motor , jeung sajabana. [1] Bensin asalna tina minyak tanah . [1] Bensin wangunna cairan, hampang, gampang robah jadi saab , sarta gampang kabeuleum. [2] Bensin nyaeta campuran tina hidrokarbon , nyaeta sanyawa anu diwangun tina karbon sarta hidrogen . [2] Ngaran gasoline (bensin), asalna tina " gas ". [2] Bensin dipake alatan bensin encer, jadi gampang dirobah jadi gas di jero silinder. [2] Sanggeus bensin dibeuleum, zat eta ngabeuleum ampir sacara tuntas sarta ninggalkeun saeutik pisan limbah. [2] Dina ngabeuleumna, bensin ngahasilkeun leuwih loba panas ti bahan beuleum encer sejenna dina jumlah anu sarua. [2]

Bensin asalna ti sawatara hal, tapi anu pangpentingna nyaeta minyak alam nu atah, atawa minyak taneuh, anu kapanggih di jero cadangan-cadangan di handapeun taneuh. [2] Bensin dipisahkeun tina minyak tanah ku hiji proses anu dingaranan distilasi . Minyak encer disimpen di jero tempat-tempat badag, anu dingaranan "still", sarta dipanaskeun nepi ka suhu kira-kira 400 derajat Fahrenheit . [2] Panas ieu cukup keur nguapkeun kira-kira saparapat minyak taneuh anu ngandung hidrokarbon-hidrokarbon anu ngagolak dina suhu anu panghandapna. [2]

Saab dialirkeun ngaliwatan pipa-pipa anu ditiiskeun ti luar ku kituna jadi cairan deui (dipadatkan). [2] Distilasi diulang, sarta bensin dimurnikeun atawa disuling. [2] Nilai bensin gumantung dina hasilna, nyaeta sabaraha mil jarak anu ditempuh mobil per galon bensin atawa sabaraha mil jarak anu ditempuh kapal udara dina kecepatan luhur. [2] Ku bensin basajan nu geus disuling, kadenge sora ngetok-ngetok di jero mesin. [2] Lamun bensin ngabalukarkeun sora ngetrokan, hasilna goreng, alatan bensin eta ngabeuleum kalayan goreng. [2] Jadi unsur-unsur "anti ketok" nu tangtu ditambahkeun sangkan sora mesin jadi leuwih alus. [2] Hal eta dingaranan bensin "oktan luhur". Kiwari, geus dihasilkeun tingkat-tingkat bensin oktan luhur anu beuki alus sangkan mobil urang bisa leumpang kalayan leuwih alus. [2]

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. a b Danadibrata,R.A .2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press