Gambar:Nadar - Alexander Dumas pere (1802-1870) - Google Art Project 2.jpg
Alexander Dumas (Pere)
Alexandre Dumas
Pere
(senior) lahir di
Villers Cotterets
,
Perancis
tanggal
24 Juli
1802
.
[1]
. Akina ti golongan
menak
, ninina urang
negro
ti
Santo Domingo
.
[1]
Bapana jendral balatentara
Napoleon
anu perlaya mangsa Dumas kakara umur opat taun bari henteu ngawariskeun kakayaan nanaon.
[1]
Dumas diurus ku pendeta, laju digawe jadi juru tulis di salah sahiji kantor pangacara.
[1]
Dina umur 21 taun pindah ka
Paris
babakti ka menak urang dinya.
[1]
Dumas wawanohan jeung aktor ngaran
Joseph Palma
, sering lalajo tokoh-tokoh
Shakespiere
anu nimbulkeun ilham pikeun nulis lalakon
Henry III
,
Anthony
, jeung
Kean
anu kawilang sukses. Dumas nulis oge novel-novel sajarah tur geus ditarjamahkeun kana rupaning basa.
[1]
Nalika ngarang, Dumas dibantuan ku sawatara urang pangarang pikeun ngumpulkeun bahan-bahan karangan.
[1]
Alexandre Dumas pere (senior), boga anak anu sangaran tur sarua pada-pada pangarang nyaeta Alexandre Dumas fils (junior).
[1]
Sok sanajan panghasilan Dumas mucekil tina karangan-karanganana, tapi maotna dina taun
1870
dina kaayaan miskin.
[1]
Lian ti ku Ermas, karya Dumas,
Le Compte de Monte Cristo
ditarjamahkeun kana basa
Indonesia
ku
Nur Sutan Iskandar
(
1929
) lobana genep jilid
[2]
. Karya nu sejenna
The Three Muskeeter
oge ditarjamahkeun ku Nur Sutan Iskandar kana basa Indonesia (
1925
).
[2]
Ku banget populerna,
The Three Musketeers
, karya klasik Dumas ieu terus ngajadikeun inspirasi ka para sineas pikeun dipilemkeun.
[3]
Dina taun
2011
aya versi anyarna nu moderen anu ngalalakonkeun para pangawal Raja Perancis.
[3]
Ieu lalakon
masketir
dina mangsa
Barok
sakira abad ka-17 teh munggaran medal dina wangun serial dina surat kabar
Le Siecle
, Maret nepi ka Juli
1844
.
[3]
The Three Musketeers
atawa
Les Trois Mousquetaires
dina
basa Perancis
midangkeun palaku utama hiji pamuda ngaran d'Artagnan anu ngagabung jeung tilu
masketir
manten: Athos, Porthos, jeung Aramis.
[3]
Arinyana dina lalakonna ngagagalkeun
kudeta
ku Kardinal Richelieu anu hayang ngaruntagkeun pamarentahan
Raja Louis
ka-13.
[3]
[3]
|
Artikel
ieu mangrupa
taratas
, perlu disampurnakeun. Upami saderek uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo
ngalengkepan
.
|