한국   대만   중국   일본 
Akselerasi - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas Lompat ke isi

Akselerasi

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Dina fisika , akselerasi atawa gagancangan nyaeta gedena robahan (atawa derivasi laju , anu mangrupa vektor ) kalawan dimensi panjang / waktu ². Dina hijian SI nyaeta meter / detik ².

Akselerasi nyaeta tingkat robahan laju . Di tiap titik dina hiji gambar laju-waktu ( basa Inggris : velocity-time)), gedena akselerasi dinyatakeun ku gradien tangen kurva di eta titik.

Akselerasi dilambangkan ku a (aksara panghareupna dina kecap akselerasi). Akselerasi bisa boga harga positif sarta negatif. Lamun harga akselerasi positif, hal ieu nembongkeun yen laju barang anu ngalaman akselerasi positif ieu nambahan (digancangkeun). Sabalikna lamun harga akselerasi teh negatif, hal ieu nembongkeun yen laju barang ngurangan (dilaunkeun). Conto akselerasi positif nyaeta: gerak muragna buah tina tangkalna anu dipangaruhan ku gravitasi . Sedengkeun conto akselerasi negatif nyaeta: gerak mobil anu dierem.

Rumus [ edit | edit sumber ]

Rumus rata-rata akselerasi dina hiji perioda waktu nyaeta

di mana

mangrupa laju ahir
mangrupa laju awal
mangrupa waktu awal sarta mangrupa robahan waktu.

Rumus akselerasi instan (sakedapan) dina waktu nyaeta

Jadi akselerasi mangrupa derivasi (turunan) tina laju. Perlu dicatet yen pernyataan (Posisi ahir - Posisi awal) / (Jumlah waktu nu diperlukeun) mangrupa laju rata-rata, sarta wates mangsa interval waktu ngadeukeutan enol mangrupa laju sakiceup. Ku kituna, laju mangrupa derivasi kahiji tina posisi, sedengkeun akselerasi mangrupa derivasi kadua tina posisi.

Perlu dicatet oge yen akselerasi rata-rata jeung akselerasi sakiceup dina hiji perioda waktu dipatula-patalikeun ngaliwatan teorema harga rata-rata pikeun integral :

Nempatkeun kabehanana babarengan hartina:

di mana

nyaeta akselerasi
nyaeta laju
nyaeta posisi
nyaeta waktu

Patali jeung hukum gaya Newton, , akselerasi sarua jeung kabeh gaya nu nimpah kana hiji barang dibagi ku massa barang kasebut:

Tempo oge [ edit | edit sumber ]

Tumbu ka luar [ edit | edit sumber ]