Ayip Rosidi

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas
Ajip Rosidi
Ajip Rosidi
Ajip Rosidi
Gumelar 31 Januari 1938
Jatiwangi, Majalengka
Tilar dunya 29 Juli 2020
Magelang, Jawa Tengah
Pagawean Ketua Yayasan Kebudayaan Rancage , Ketua Dewan Pembina Yayasan Pusat Studi Sunda , Sastrawan, Sastrawan Sunda, Budayawan, Dosen, Redaktur
Kabangsaan Indonesia
Genre Carpon, Sajak, Esey
Panghargaan nu katelah
Pasangan Hj. Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat)
Anak
  • Nunun Nuki Aminten ( 1956 )
  • Titi Surti Nastiti ( 1957 )
  • Uga Perceka ( 1959 )
  • Nundang Rundagi ( 1961 )
  • Rangin Sembada ( 1963 )
  • Titis Nitiswari ( 1965 ).

Ayip Rosidi (ejahan asli Ajip Rosidi ,gumelar di Jatiwangi , Jawa Barat , 31 Januari 1938 – maot di Magelang , 29 Juli 2020 dina umur 82 taun) [1] [2] teh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyiptakeun karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonesia , sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonesia ka mancanagara. [3]

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonesia atawa dina basa Sunda ti rumaja keneh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar ( 1953 - 1955 ), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancage [4] nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar oge di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancage ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak , kumpulan carita pondok , memoar, jeung biografi.

Atikan [ edit | edit sumber ]

Ayip Rosidi mimiti ngalakonan atikan di Sakola Rahayat Jatiwangi ( 1950 ), salajengna neruskeun ka SMP Negeri VIII Jakarta ( 1953 ) jeung pamungkas, Taman Madya, Taman Siswa Jakarta ( 1956 ). Sanajan henteu tamat SMA, anjeunna dipercaya pikeun ngajar minangka dosen di paguron tinggi Indonesia, oge ti 1967, anjeunna ngajar di Jepang [5] . Dina 31 Januari 2011 , anjeunna narima gelar Doktor honoris causa widang Elmu Budaya ti Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran . [6]

Kulawarga [ edit | edit sumber ]

Ayip Rosidi nikah sareng Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat) ( 1955 ) oge dipaparin 6 putra, nyaeta:

  • Nunun Nuki Aminten ( 1956 )
  • Titi Surti Nastiti ( 1957 )
  • Uga Perceka ( 1959 )
  • Nundang Rundagi ( 1961 )
  • Rangin Sembada ( 1963 )
  • Titis Nitiswari ( 1965 ).

Dina rujukan sejen disebutkeun tujuh putra. [7]

Proses cacalakan [ edit | edit sumber ]

Ayip mimitina mah nulis karya kreatip dina basa Indonesia , salajengna talaah jeung komentar ngeunaan sastra, basa jeung budaya, boh mangrupa artikel, buku atawa makalah dina mangrupa panglawungan di tingkat regional, nasional, oge internasional. Anjeunna loba maluruh titilar jeung tonggak alur sajarah sastra Indonesia jeung Sunda , nepikeun panembonganna ngeunaan perkara sosial pulitik, boh mangrupa artikel dina majalah, boh ceramah atawa makalah. Anjeunna oge nulis biografi ahli seni jeung inohong pulitik. [8]

Anjeunna mimiti ngabewarakeun karya sastrana taun 1952 , dipuat dina majalah-majalah kasohor dina mangsa harita saperti Mimbar Indonesia, Gelanggang/Siasat, Indonesia, Zenith, Kisah, jll. Nurutkeun panalungtikan Dr. Ulrich Kratz ( 1988 ), nepika taun 1983, Ayip nyaeta pangarang sajak jeung carita pondok nu pangproduktipna (326 judul karya dipuat dina 22 majalah). [8]

Bukuna anu munggaran, Tahun-tahun Kematian medal sabot yuswana 17 taun (1955), dituturkeun ku kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, roman, drama, kumpulan esey jeung kritik, hasil panalungtikan, jll., boh dina basa Indonesia boh dina basa Sunda , anu lobana kira-kira saratus judulan. [8]

Karyana loba nu geus ditarjamahkeun kana basa sejen, dipuat dina bunga rampai atawa medal minangka buku, a.l. dina basa Walanda , Cina , Inggris, Jepang, Perancis, Kroatia, Rusia, jll. [8]

Kagiatan [ edit | edit sumber ]

Dina yuswa 12 taun, nalika masih keneh kelas VI Sakola Rahayat, tulisan Ayip geus dipuat dina rohangan barudak di harian Indonesia Raya. [8]

Ti SMP-na Ayip geus ngaleukeunan dunya panulisan jeung pamedalan. Anjeunna medalkeun jeung jadi editor sarta mingpin majalah Suluh Pelajar (1953-1955). Dina taun 1965-1967 anjeunna jadi Pamingpin redaksi Mingguan Sunda; Pamingpin redaksi majalah kabudayaan Budaya Jaya (1968-1979); Pangadeg pamedal Pustaka Jaya (1971). Ngadegkeun jeung mingpin Proyek Panalungtikan Pantun jeung Folklor Sunda (PPP-FS) anu loba ngarekam Carita Pantun jeung ngabewarakeunna (1970-1973). Ngajabat minangka Pupuhu Dewan Kasenian Jakarta (1972-1981). [8]

Barengan jeung babaturanna, Ayip ngadegkeun pamedal Kiwari di Bandung ( 1962 ), pamedal Cupumanik (Tjupumanik) di Jatiwangi (1964), Duta Rakyat ( 1965 ) di Bandung , Pustaka Jaya (salajengna Dunia Pustaka Jaya) di Jakarta ( 1971 ), Girimukti Pasaka di Jakarta ( 1980 ), jeung Kiblat Buku Utama di Bandung ( 2000 ). Kapilih jadi Pupuhu IKAPI dina dua kali kongres ( 1973 - 1976 jeung 1976 - 1979 ). Jadi anggota DKJ ti mimiti ( 1968 ), tuluy jadi Pupuphu DKJ sababaraha periodeu jabatan ( 1972 - 1981 ). Jadi anggota BMKN 1954 , jeung jadi anggota pangurus pleno (kapilih dina Kongres 1960 ). Jadi anggota LBSS jeung jadi anggota pangurus pleno ( 1956 - 1958 ) sarta anggota Dewan Pembina (kapilih dina Kongres 1993 ), tapi ngundurkeun diri ( 1996 ). Anjeunna oge salah saurang pangadeg sarta Pupuhu PP-SS anu munggaran (1968-1975), oge pangadeg jeung Pupuhu Dewan Pangadeg Yayasan PP-SS ( 1996 ) sarta pangadeg Yayasan PDS H.B. Jassin ( 1977 ). [8]

Ti 1981 anjeunna diangkat jadi guru besar tamu di Osaka Gaikokugo Daigaku (Universitas Basa Asing Osaka), sabari ngajar di Kyoto Sangyo Daigaku ( 1982 - 1996 ) jeung Tenri Daignku ( 1982 - 1994 ). Sanajan aya di negeri deungeun, anjeunna tetep aktip merhatikeun hirup-huripna sastra-budaya jeung sosial-pulitik di Indonesia , oge masih terus nulis. Taun 1989 kalawan pribadina mere Hadiah Sastera Rancage ka saha bae anu mikareueus kana budaya Sunda sangkan aya hasil karyana, anu saterusna tarekah ieu diteruskeun ku Yayasan Kabudayaan Rancage anu diadegkeun ku anjeunna tea. [8]

Sanggeus pangsiun anjeunna dumuk di desa Pabelan , Kacamatan Mungkid, Magelang , Jawa Tengah . Sanajan kitu, anjeunna masih aktip ngokola sawatara lembaga tanpabati kayaning Yayasan Kabudayaan Rancage jeung Pusat Studi Sunda . [8]

Pangajen [ edit | edit sumber ]

Babaraha pangajen anu pernah ditarima ku Ayip Rosidi, di antararana: [9]

  • Hadiah Sastra Nasional 1955-1956 pikeun puisi (dibikeun taun 1957 ) jeung 1957-1958 pikeun prosa (dibikeun taun 1960 ).
  • Hadiah Seni ti Pamarentah RI 1993 .
  • Kun Santo Zui Ho Sho ("Bentang Jasa Khazanah Suci, Sinar Emas jeung Selempang Beuheung") ti pamarentah Jepang minangka panghargaan ku jasa-jasana anu dinilei kacida mangpaatna pikeun hubungan Indonesia-Jepang 1999
  • Anugerah Hamengku Buwono IX 2008 pikeun sagala sumbangan positipna ka masarakat Indonesia di widang sastera jeung budaya .

Karya-karyana [ edit | edit sumber ]

Aya ratusan karya Ayip. Sababaraha di antarana: [4]

  • (id) Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, 1955 )
  • (id) Ketemu di Jalan (kumpulan sajak babarengan SM Ardan jeung Sobron Aidit , 1956 )
  • (id) Pesta (kumpulan sajak, 1956)
  • (id) Di Tengah Keluarga (kumpulan carpon, 1956)
  • (id) Sebuah Rumah buat Hari tua (kumpulan carpon, 1957 )
  • (id) Perjalanan Penganten (roman, 1958 , geus ditarjamahkeun kana basa Perancis ku H. Chambert-Loir, 1976 ; Kroatia, 1978 , jeung Jepang ku T. Kasuya, 1991 )
  • (id) Cari Muatan (kumpulan sajak, 1959 )
  • (id) Membicarakan Cerita Pendek Indonesia (1959)
  • (id) Surat Cinta Enday Rasidin (kumpulan sajak, 1960);
  • (id) Pertemuan Kembali (kumpulan carpon, 1961 )
  • (id) Kapankah Kesusasteraan Indonesia lahir? (1964; citak ulang anu direvisi, 1985)
  • Jante Arkidam jeung salikur sajak lianna (kumpulan sajak, basa Sunda, 1967 );
  • (id) Jeram (kumpulan sajak, 1970);
  • (id) Ikhtisar Sejarah Sastera Indonesia (1969)
  • (id) Ular dan Kabut (kumpulan sajak, 1973);
  • (id) Sajak-sajak Anak Matahari (kumpulan sajak, 1979 , sakabehna geus ditarjamahkeun kana basa Jepang ku T. Indoh, jeung dipuat dina majalah Fune jeung Shin Nihon Bungaku ( 1981 )
  • (id) Manusia Sunda (1984)
  • (id) Anak Tanahair (novel, 1985 , geus ditarjamahkeun kana basa Jepang ku Funachi Megumi, 1989 .
  • (id) Nama dan Makna (kumpulan sajak, 1988 )
  • (Basa Jepang) Sunda Shigishi hi no yume (tarjamahan basa Jepang tina petingan ka opat kumpulan carita pondok ku T. Kasuya 1988 )
  • (id) Puisi Indonesia Modern, Sebuah Pengantar (1988)
  • (id) Terkenang Topeng Cirebon (kumpulan sajak, 1993 )
  • (id) Sastera dan Budaya: Kedaerahan dalam Keindonesiaan (1995)
  • (id) Mimpi Masasilam (kumpulan carpon, 2000 , geus ditarjamahkeun kana basa Jepang)
  • (id) Masa Depan Budaya Daerah (2004)
  • (id) Pantun Anak Ayam Archived 2014-03-23 di Wayback Machine (kumpulan sajak, 2006 )
  • (id) Korupsi dan Kebudayaan (2006)
  • (id) Hidup Tanpa Ijazah, Yang Terekam dalam Kenangan (otobiografi, 2008 )
  • Ensiklopedi Sunda . Jakarta: Pustaka Jaya. 2000
  • Ayang-ayang Gung
  • Beber Layar
  • Hurip Waras!
  • Ucang-ucang Angge
  • Babasan jeung Paribasa Sunda
  • Masyitoh
  • Si Pucuk Kalumpang

Ayip oge nulis drama, carita rahayat , carita wayang , bacaan barudak, lulucon, jeung memoar sarta jadi editor babaraha bunga rampai .

Rujukan [ edit | edit sumber ]

  1. BREAKING NEWS: Sastrawan Ajip Rosidi Dikabarkan Meninggal Dunia, Sempat Dirawat di Rumah Sakit Pikiran Rakyat . Diakses 29 Juli 2020
  2. Ajip Rosidi Meninggal Dunia Kabar Tangsel . Diakses 29 Juli 2020
  3. "Profil - Ajip Rosidi" . merdeka.com . Diakses tanggal 2021-12-13 .  
  4. a b (id) Biografi dan CV Ajip Rosidi di TokohIndonesia.com Archived 2011-12-04 di Wayback Machine . Akses tanggal 11 November 2011.
  5. (id) McGlynn, John (editor dan penerjemah). On Foreign Shores: American Images in Indonesian Poetry . Biografi Ajib Rosidi. Yayasan Lontar, 1990, Jakarta. Halaman 183-184.
  6. (id) Berita Ajip Rosidi di TempoInteraktif.com Dimuat tanggal 31 Januari 2011, diakses tanggal 11 November 2011.
  7. (id) Profil Ajip Rosidi di Indonesiabuku.com Dimuat tanggal 25 Juli 2010, diakses tanggal 11 November 2011.
  8. a b c d e f g h i (id) http://www.penerbitkpg.com/penulis/detil/4/Ajip-Rosidi Archived 2012-01-15 di Wayback Machine . Diakses tanggal 11 November 2011. Profil Ajip Rosidi
  9. (id) Anugerah Tokoh: Anugerah Sastera Mastera Brunei Darussalamn 2003. Ajib Rosidi Archived 2012-12-20 di Archive.today Dimuat tahun 2003, diakses tanggal 11 November 2011.

Tutumbu kaluar [ edit | edit sumber ]


Daptar Sastrawan Sunda
Aam Amilia ? Aan Merdeka Permana ? Abdullah Mustappa ? Acep Zamzam Noor ? Achdiat Karta Mihardja ? Adang S ? Ayip Rosidi ? Ahmad Bakri ? Akub Sumarna ? Apip Mustapa ? Apung Supena Wiratmaja ? Arthur S. Nalan ? Ayatrohaedi ? Beni Setia ? Budi Rahayu Tamsyah ? Cecep Burdansyah ? Dadan Sutisna ? Darpan ? Deden Abdul Aziz ? Dedy Windyagiri ? Dodong Djiwapradja ? Duduh Durahman ? Dyah Padmini ? Eddy D. Iskandar ? Elin Syamsuri ? Etti R.S. ? Godi Suwarna ? Hadi AKS ? Hasan Wahyu Atmakusumah ? Hawe Setiawan ? Hermawan Aksan ? Hidayat Suryalaga ? Holisoh M.E ? Iskandarwassid ? Jeihan ? Juniarso Ridwan ? Karna Yudibrata ? Karno Kartadibrata ? Ki Umbara ? Kis WS ? M.A. Salmun ? Memed Sastrahadiprawira ? Moch. Ambri ? Naneng Daningsih ? Ningrum Djulaeha ? Nano. S ? Nazarudin Azhar ? Popon Saadah ? Rahmat M.A.S ? Rahmatullah Ading Affandie (RAF) ? Ramadhan K.H ? Rustandi Kartakusuma ? Saeful Badar ? Saini K.M. ? Sajudin Natadisastra ? Samsoedi ? S.M. Ardan ? Soni Farid Maulana ? Sunarya P.K. ? Syarif Amin ? Tatang Sumarsono ? Taufik Faturohman ? Teddi Muhtadin ? Tini Kartini ? Usep Romli ? Us Tiarsa ? Wahyu Wibisana ? Yayat Hendayana ? Yooke Tjuparmah ? Yoseph Iskandar ? Yuhana ? Yus Rusamsi ? Yus Rusyana