한국   대만   중국   일본 
Kabupaten Bogor - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Kabupaten Bogor

kabupaten di Indonesia
Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Bogor .


Kabupaten Bogor ( aksara Sunda : ???????? ?????) mangrupa salah sahiji Kabupaten di Propinsi Jawa Barat , Indonesia . Puseur dayeuhna nyaeta Cibinong . Kabupaten ieu diwatesan ku Kabupaten Tangerang ( Banten ), Kota Depok , Kota Bekasi , jeung Kabupaten Bekasi di beulah kaler; Kabupaten Karawang di beulah wetan, Kabupaten Cianjur jeung Kabupaten Sukabumi di beulah kidul, sarta Kabupaten Lebak ( Banten ) di beulah kuloneunana. Kabupaten Bogor kawengku ku 40 kacamatan , nu dibagi deui ku desa jeung kalurahan .

Kabupaten Bogor
Jawa Jawa Kulon

Pura Parahyangan Agung Jagatkarta minangka pura panggedena di luar Pulo Bali perenahna di Kacamatan Tamansari, Kabupaten Bogor

Lambang

Jargon: Prayoga Tohaga Sayaga Kuta Udaya Wangsa Tegar Beriman

Peta lokasi Kabupaten Bogor
Puseur Dayeuh Cibinong
Lega Wilayah 298.939,30 Ha
Kordinat 6 0 18' 6 0 47'10" LS jeung 106 0 23'45"-107 0 13'30" BT
Pangeusi
?· Jumlah
?· Kapadetan
 
4.771.932 jalma (2010)
2.303,93 jiwa/km²
Demografi
Seke Seler
Sunda , Melayu Batawi, Jawa , Batak , Palembang jeung Padang (ditilik tina lobana jumlah pendatang)
Agama
Islam (97,76%), Katolik (0,60%), Protestan (1,08%), Hindu (0,05), Buddha (0,33%), Kong Hu Chu (0,16%), sejena (0,02%)
Basa
Sunda (sakabeh kecamatan di Kabupaten Bogor), Indonesia ( Kecamatan Cileungsi , Kecamatan Gunung Putri , Kecamatan Cibinong , Kecamatan Jonggol jeung Kecamatan Cariu )
Administratif
Kacamatan
Desa / kal
 
40
411 desa , 17 kalurahan
Dasar hukum Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 1982
Milangkala 3 Juni 1482
Bupati Hj. Nurhayanti, S.H., M.M., M.Si.
Zona Waktu
Kode telepon
WIB
021 jeung 0251
DAU Rp. 1.887.770.112.500.-(2013)
Tutuwuhan Identitas
Sato Identitas
Tangkal Kemang
Monyet Surili

Situs web resmi: http://www.kabupaten-bogor.go.id

Nilik tina wilayahna, Kabupaten ngawengku oge Kota Bogor nu perenahna di tengah Kabupaten Bogor. Sedengkeun belah kidul aya Kota Depok nu harita asup keneh Kabupaten Bogor minangka kota kacamatan. Dina tanggal 15 April 1991 ngaliwatan kaputusan pamarentah Depok ditingkatkeun statusna jadi kota administratif, Kota Depok sacara resmi misah ti Kabupaten Bogor.

Kabupaten Bogor minangka kawasan pangrojong pangwangunan DKI Jakarta .

Sajarah

edit

Kabupaten Bogor nyaeta salah sahiji wilayah nu jadi puseur karajaan pangkolotna di Indonesia. Numutkeun catetan Dinasti Sung di Cina jeung prasasti nu kungsi kapanggih di Tempuran walungan Ciaruteun jeung walungan Cisadane yen dina abad ka-5 di daerah ieu geus aya pamarentahan. Dinasti Sung nyatet taun 430, 433, 437 jeung 452 Karajaan Holotan ngirimkeun utusan ka Cina. Holotan disebut-sebut minangka Karajaan Hindu nu pangkolotna di Pulo Jawa hususna di Jawa Kulon.

Dina sajarahna, Kabupaten Bogor teu bisa leupas tina sajarah Karajaan Tarumanagara, Karajaan Sunda, Karajaan Pajajaran, Karajaan Galuh atawa Kawali. Kabupaten Bogor disawang salaku puseur pamarentahan karajaan-karajaan eta. Cikal bakal ngadegna Kabupaten Bogor teu leupas tina tokoh Tanuwijaya nu mangsa harita disebut Kepala Kampung Baru dina dokumen kaping 7 Nopember 1701. Tanuwijaya ngadegkeun kampung nu dibere ngaran Parung Angsana (Kampung Baru), Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranang Siang, Parung Banteng jeung Cimahpar kalawan Parung Angsana salaku puseur pamarentahan.

Taun 1745 salapan kampung eta dihijikeun sarta Kepala Kampungna dibere gelar Demang ku alpukahna Gubernur Jenderan Baron van Imhoff. Salapan kampung eta dibere ngaran Regentschap Kampung Baru nu satuluyna disebut Regentschap Buitenzorg. Wilayah ieu jadi wilayah pangirutan disagedengeun Batavia. Kabuktian taun 1873 dibuka jalur kareta api ti Batavia ka Buitenzorg.

Kaping Milangkala Bogor boh Kabupaten boh Kota nyaeta kaping 3 Juni 1482 nyoko kana diistrenana Sri Baduga Maharaja sarta puncak acara Kuwerabakti atawa acara mere upeti karajaan handap ka Pajajaran.

Asal Kecap

edit

Asal kecap Bogor masih jadi padungdengan ku sabab lobana pamadegan nu beda alesan. Pamadegan kahiji nyaeta ti kecap Buitenzorg. Sedengkeun nu sejen aya nu nyebut ti Bahai nu hartina Sapi nyoko kana patung sapi nu aya di Kebon Raya Bogor. Sedengkeun pamadegan katilu nyaeta Bokor nu hartina mangkok tambaga. Iwal ti eta nu disawang bener nyaeta ti kecap Bogor nyoko kana pagawean Pabogoran nu hartina nyadap tunggul kawung. Ti dinya Bogor disawang boga harti tunggul kawung.

Harti Lambang Kabupaten Bogor

edit
Logo Kabupaten bogor

Lambang Kabupaten Bogor dibagi ku 6 unsur nyaeta:

  • Bagean Inti
  • Bagean Tengah
  • Bagean Luar
  • Makna Warna
  • Tameng, jeung
  • Runtuyan Kecap

Bagean Inti

edit
  • Kujang, nyaeta sanjata khas masarakat Sunda identik jeung kahadean sarta kaagungan Sunda bihari. Kujang ngalambangkeun kaperwiraan hartina teu gedag kaanginan dina nanjeurkeun kahadean.
  • Pakujajar, mangrupa lambang kateguhan nu salilana jadi tradisi karajaan Pajajaran.
  • Harupat nu dilambangkeun ku gagang kujang nu aya dina beungkeutan pakujajar ngalambangkeun hiji hal nu kuat, simbol kakuatan masarakat Bogor dina mertahankeun jatidirina.
  • Budeuran nu eusina kujang, harupat jeung pakujajar disebut oge boga atawa endog nu ngalambangkeun awal atawa inti kahirupan nu didasaran ku kasucian.

Bagean Tengah

edit
  • Puncak gunung di bagean tengah nunjukkeun Gunung Salak jeung Gunung Pangrango nu sacara geografis duanana mangrupa patok wilayah Kabupaten bogor di beulah kidul, Puncak gunung ngalambangkeun tujuan atawa cita-cita nu luhur. Dua puncak nu luhurna beda ngalambangkeun tangga pikeun ngahontal tujuan.
  • Walungan ngalambangkeun walungan Ciliwung jeung Cisadane ngalambangkeun kasuburan.
  • Segitilu sarua sisi boga makna kautamaan, ngalambangkeun yen kasuburan jeung kabeungharan alam kudu diolah sarta dimangpaatkeun kalawan dasar niley kautamaan.

Bagean Luar

edit
  • Budeuran ngalambangkeun kasampurnaan, hartina pajoangan hirup kudu dituluykeun ka arah kasampurnaan lahir tumekaing batin tampa cacad.

Warna

edit
  • Hideung jeung Bodas ngalambangkeun perjuangan hirup. Bodas lambang kasucian, kahadean jeung kabersihan sedengkeun hideung lambang kagorengan. Dua warna ieu disebut salaku panyaimbang dina laku lampah hirup masarakat Kabupaten Bogor.
  • Koneng mangrupa warna emas, lambang kajayaan jeung kaagungan.
  • Hejo digunakeun pikeun warna dasar nu ngandung ma'na kasuburan.
  • Bulao mangrupa warna kaendahan.
  • Coklat warna taneuh ngalambangkeun lemah cai.

Tameng

edit
  • Tilu sudut dina tameng ngalambangkeun tilu komponen nangtukeun kasejahteraan umat dina hiji kawasan atawa nagara anu sok disebut oge Tri Tangtu di Bumi nyaeta Rama, Resi, Ratu atawa dina hal ieu nyaeta masarakat, ulama jeung pamarentah. Tilu garis sisi ngawangun tameng ngalambangkeun iman, ilmu jeung amal nu mangrupa benteng kahirupan umat.

Runtuyan Kecap

edit
  • Prayoga hartina utama, Tohaga hartina kuat atawa kokoh jeung Sayaga hartina siap siaga. Runtuyan kecap eta mibanda maksud pamadegan jeung pajuangan masarakat. Pamadegan jeung pajuangan masarakat Kabupaten Bogor kudu dimimitian jeung dijiwaan kalawan kautamaan sangkan beuki kokoh, kuat jeung siap dina nyanghareupan tantangan pikeun ngahontal cita-cita.
  • Kuta hartina kota, Udaya hartina fajar, bangkit sarta Wangsa hartina bangsa. Tilu kecap eta boga maksud yen Bogor mangrupa asal mimitina lahirna bangsa di buana sarta dipiharep salaku puseur kabangkitan pajuangan pangwangunan pikeun ngahontal kamajuan jeung kamakmuran
  • TEGAR BERIMAN nyaeta ungkara tina Tertib, Segar, Bersih, Indah, Mandiri, Aman jeung Nyaman. Dipiharep sangkan masarakat Kabupatvn Bogor bisa ngahontal kana jargon eta.

Babagian Administratif

edit
RE Abdullah (Bupati Bogor) bareng jeung Wiranatakusumah nalika nganteur Mohammad Memed Jatukrami.

Kabupaten Bogor kawengku ku 40 Kacamatan, anu kabagi deui ku 411 desa jeung 17 kalurahan. Ngawengku 3.639 RW jeung 14.403 RT. Puser pamarentahana nyaeta di Cibinong.

Daptar Wewengkon

edit

Di handap ieu mangrupa daptar kacamatan anu aya di Kabupaten Bogor dumasar kana Peraturan Daerah No 3 taun 2003 ngeunaan Pembentukan jeung Perda No 40 taun 2004 ngeunaan OTK kacamatan Kabupaten Bogor:

Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan

Topografi jeung Geografis

edit

Kalawan lega 298.939,30 hektar, Kabupaten Bogor boga topografi jeung geografis nu rupa-rupa. Beulah kaler Kabupaten Bogor mangrupa dataran handap (lembah Walungan Ciliwung jeung Walungan Cisadane ), sedengkeun beulah kidulna mangrupa pagunungan, nu puncakna nyaeta: Gunung Halimun (1.764 m), Gunung Salak (2.211 m), sarta Gunung Pangrangro (3.019 m), mangrupa gunung kadua pangluhurna di Jawa Barat sanggeus Gunung Ciremai di Majalengka. Kabupaten Bogor perenahna aya di koordinat 6 o 18' 6 o 47'10" LS jeung 106 o 23'45"-107 o 13'30" BT nu diwatesan ku:

  • Kaler: Kabupaten Tangerang (Banten), Kabupaten Bekasi, Kota Bekasi jeung Kota Depok (Jawa Kulon)
  • Wetan: Kabupaten Cianjur jeung Kabupaten Karawang
  • Kidul: Kabupaten Sukabumi jeung Kabupaten Cianjur
  • Kulon: Kabupaten Lebak (Banten)
  • Tengah: Kota Bogor

Di Kabupaten Bogor, aya 6 aliran walungan nu disebut Daerah Aliran Sungai (DAS) nyaeta DAS Cidurian, DAS Cimanceuri, DAS Cisadane, DAS Ciliwung, DAS Kali Bekasi jeung DAS Citarum. Walungan di unggal DAS mibanda pungsi jeung peran salaku sumber cai pikeun irigasi, imah tangga jeung industri sarta boga pungsi drainaseu utama wilayah. Disagedengeun eta, Kabupaten Bogor boga 94 setu kalawan legana 496,28 Ha sarta 63 seke.

Komposisi digunakeuna lahan di Kabupaten Bogor nyaeta 42.175 Ha (13,30%) pikeun alas lindung, 56.888 Ha (17,94) pikeun lahan baseuh, 47,756 (15,06%) pikeun lahan garing, 24.797 (7,82%) pikeun kawasan pepelakan taunan, 51.529 Ha (16,25%) pikeun alas produksi, 1.681 Ha (0,53%) kawasan pariwisata, 20.326 Ha (6,41%) kawasan padesaan, 52.036 Ha (16,41%) kawasan pakotaan, 14.527 Ha (4,60%) kawasan pamekaran pakotaan sarta 5.327 Ha (1,68%) kawasan pikeun industri.

Strategi Wilayah Pangwangunan di Kabupaten Bogor

edit
Balekota atawa Huis Butenzorg mangsa taun 1939.

Numutkeun strategi wilayah pangwangunan nu ditetepkeun dina Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupaten Bogor, Kabupaten Bogor dikelompokeun ku 3 wilayah pangwangunan nyaeta:

  1. strategi percepatan di wilayah Bogor Barat ngawengku 13 kacamatan nyaeta kacamatan Nanggung, Leuwiliang, Leuwisadeng, Pamijahan, Cibungbulang, CIampea, Tenjolaya, Rumpin, Cigudeg, Sukajaya, Jasinga, Tenjo jeung Parungpanjang kalawan total wilayah 128.750 Ha;
  2. strategi pengendalian di wilayah Bogor Tengah ngawengku 20 kacamatan nyaeta kacamatan Dramaga, Ciomas, Tamansari, Cijeruk, Cigombong, Caringin, Ciawi, Cisarua, Megamendung, Sukaraja, Babakan Madang, Citeureup, Cibinong, Bojonggede, Tajurhalang, Kemang, Rancabungur, Parung, Ciseeng, jeung kacamatan Gunung Sindur kalawan legana 87.552 Ha;
  3. strategi pemantapan di wilayah Bogor Timur ngawengku 7 kacamatan nyaeta kacamatan Sukamakmur, Cariu, Tanjungsari, Jonggol, Cileungsi, Klapanunggal jeung kacamatan Gunung Putri kalawan total wilayah 100.800 Ha.

Sosial Budaya

edit

Penduduk

edit

Dumasar hasil Estimasi Penduduk 2013 jumlah pangeusi Kabupaten Bogor nyaeta 5.202.097 nu disebut-sebut minangka Kabupaten pangpadetna di Jawa Kulon. ti jumlah eta 2.659.306 lalaki jeung 2.542.791 awewe kalawan seks rationa 105. Padetna Kabupaten Bogor taun 2013 nyaeta 20jalma/Ha. Wilayah pangpadetna nyaeta kacamatan Ciomas kalawan 100jalma/Ha jeung wilayah paling saeutik nyaeta kacamatan Tanjungsari kalawan 4jalma/Ha

Agama

edit

Lamun ditilik tina agama nu diaku ku nagara, pangeusi Kabupaten Bogor kawengku ku Islam panglobana kalawan jumlahna 4.206.687 (97,76%), Katholik 25.818 (0,60%), Protestan 46.472 (1,08%), Hindu 2.155 (0,05), Buddha 14.199 (0,33%), Kong Hu Chu 6.884 (0.16) jeung sejena 860 jalma (0,02%).

Sarana jeung Prasarana

edit

Jalan

edit

Panjang jalan di Kabupaten Bogor nyaeta 1.758,056?km, kawengku ku jalan Nagara 122,836?km (5 jalur), jalan Propinsi 126,809?km (5 jalur) jeung jalan Kabupaten 1.748,915?km (371 jalur). Iwal ti dinya, aya oge nu teu boga nomor ruas atawa jalan desa. Nepi ka taun 2006, jalan Kabupaten Bogor aya dina kondisi mantep (kondisi hade nepi ka sedeng) nyaeta 928,2?km atawa 61,61% sedengkeun sesana 578,37 atawa 38,39% kaasup ka jalan rusak.

Jambatan

edit

Jumlah jambatan nu aya di Kabupaten Bogor nyaeta 682 jambatan nu kawengku ku jambatan nagara 25 jambatan, propinsi 98 jambatan, jeung jambatan dina jalan Kabupaten nu boga nomor ruas aya 559 jambatan kalawan total panjang 5.784,4 m. Ti 559 jambatan, 392 jambatan (70,13%) dina kondisi hade, 132 jambatan (23,61%) dina kondisi sedeng jeung 35 jambatan (6,26%) dina kondisi rusak.

Transportasi

edit

Nepi ka kiwari Kabupaten Bogor boga 87 trayek kalawan 6.797 unit angkutan. Jaringan transportasi darat ngawengku jaringan jalan, jaringan jalur kareta api, terminal jeung stasion. Kabupaten Bogor oge diliwatan ku jalan tol Jakarta - Bogor - Ciawi nu sakapeung disebut oge Jagorawi.

Angkutan Kota

edit
  • Angkutan Kabupaten Bogor D64 ka Jonggol
  • Angkutan Kabupaten Bogor D121 ka Kampung Rambutan
  • Angkutan Kabupaten Bogor D121A Ka Kampung Rambutan
  • Angkutan Kabupaten Bogor 44A Ka Sentul City
  • Angkot D56 ka UKI
  • Angkot P01 ka Gas Alam
  • Angkot 02B Trayek Terminal Cileungsi - Pondok gede Kota Bekasi
  • Angkot 02 Trayek Cikeas-Ciawi
  • Angkot 01 Trayek Cipaku - Merdeka
  • Angkot 02 Trayek Cisarua - Sukasari
  • Angkot 02a Trayek Cicurug - Sukasari
  • Angkot 03 Trayek Ciapus - Ramayana
  • Angkot 04 Trayek Rancamaya - Ramayana
  • Angkot 04a Trayek Cihideung - Ramayana
  • Angkot 05 Trayek Ciampea - Terminal Bubulak/Laladon
  • Angkot 06 Trayek Parung - Terminal Merdeka
  • Angkot 06a Trayek Bantar Kambing - Terminal Merdeka
  • Angkot 07 Trayek Bojonggede - Pasar Anyar
  • Angkot 07a Salabenda - Pasar Anyar
  • Angkot 08 Trayek Citeureup - Pasar Anyar
  • Angkot 32 Trayek Cibinong - Terminal Bubulak
  • Angkot 49 Trayek Terminal Cileungsi - Bojong Kulur
  • Angkot 64 Trayek Cileungsi - Karadenan
  • Kosub Bersama ka Kampung Rambutan (via Citeureup -Tol Jagorawi)
  • Kosub Bersama 3/4 ka Tanjung Priok (via Citeureup-Tol Jagorawi-Cempaka Putih-Plumpang)
  • Metromini x1 patas ka Senen (via Cibubur - Tol Jagorawi - Cempaka Putih)
  • Metromini x1 patas ka Kampung Melayu (via Citeureup - Tol Jagorawi - Prumpung - St.Jatinegara)
  • Mayasari Bakti AC42 patas ka Tanjung Priok (via Cibubur - Tol Jagorawi - Sunter)
  • Mayasari Bakti AC42A patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Slipi - Grogol - Daan Mogot)
  • Mayasari Bakti AC70A patas ka Tanah Abang (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Sudirman - Thamrin)
  • Maya Raya MYR AC patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Slipi - Grogol - Daan Mogot)

Angkutan Perbatasan Terintegrasi Busway (APTB)

edit
Halte 3
edit
  • APTB Agra Mas Bubulak - Cililitan
Halte 15
edit
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Rawamangun
  • APTB Sinar Jaya Sentul City - Rawamangun
Halte 16
edit
  • APTB Sinar Jaya Ciawi - Tanah Abang
  • APTB Sinar Jaya Rancamaya - Tanah Abang
Halte 17
edit
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Blok M
  • APTB Sentul City - Blok M
  • APTB Mayasari Bakti CIleungsi Blok M
Halte 18
edit
  • APTB Mayasari Bakti Cibinong - Grogol
  • APTB Agra Mas Ciawi - Grogol
  • APTB Sinar Jaya Sentul City - Grogol
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Grogol

Halte 20

  • APTB Agra Mas Ciawi Senen

DAMRI

edit
  • Cibinong - Bandara Internasional Soekarno Hatta

Kareta Api (Commuter Line)

edit
  • Stasion Jakarta Kota - Stasion Bogor ( JAKARTA KOTA ←→ Jayakarta ←→ Mangga Besar ←→ Sawah Besar ←→ JUANDA ←→ Gambir ←→ GONDANGDIA ←→ Cikini←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK ←→Citayam ←→Bojonggede ←→ Cilebut ←→ BOGOR )
  • Stasion Jatinegara - Stasion Bogor ( JATINEGARA ←→ Pondok Jati ←→ Kramat ←→ Gang Sentiong←→ PASAR SENEN ←→ KEMAYORAN ←→ Rajawali ←→ KAMPUNG BANDAN ←→ Angke ←→ DURI ←→ TANAH ABANG ←→ Karet ←→ Sudirman ←→ Mampang ←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK → Citayam → Bojonggede ←→Cilebut ←→ BOGOR )
  • Stasion Duri - Stasion Nambo ( DURI ←→ TANAH ABANG ←→ Karet ←→ Sudirman ←→ Mampang ←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK → Citayam ←→ Pondok Rajeg ←→ Cibinong ←→ Gunung Putri ←→ NAMBO )

Nu kasup ka Stasion nu aya di Kabupaten Bogor nyaeta:

  1. Stasion Citayam
  2. Stasion Bojonggede
  3. Stasion Cilebut
  4. Stasion Pondok Rajeg
  5. Stasion CIbinong
  6. Stasion Gunung Putri
  7. Stasion Nambo

Pariwisata

edit

Taman Wisata

edit
  • Taman Safari
  • Taman Wisata Mekarsari
  • Taman Wisata Matahari
  • Jungleland
  • Wisata Desa Kampoeng Bamboe
  • Kebon Wisata Pasir Mukti

Curug

edit
  • Curug Cilember
  • Curug Cigamea
  • Curug Seribu
  • Curug Nangka
  • Curug Ngumpet
  • Curug Luhur
  • Curug Bidadari
  • Curug Panjang
  • Curug Naga
  • Curug Ciismun
  • Curug Cibeureum

Wisata Alam Kawasan Puncak

edit
  • Melrimba
  • Masjid Attaawun
  • Panorama Alam Riung Gunung
  • Kawasan Puncak
  • Kawah ratu
  • Kebon Teh Gunung Mas
  • Bukit Gantole

Setu, Alam jeung Cai Panas

edit
  • Gunung Salak Endah
  • Danau Lido
  • Ekowisata Bodogol
  • Gunung Bunder
  • Wana Wisata Jaya Giri
  • Gunung Pancar
  • Guha Gudawang
  • Cai Panas Ciseeng

Museum jeung Sirkuit

edit
  • Sirkuit Sentul
  • museum Mobil jeung Keramik

Wisata Religigi Kab. Bogor

edit

? Klenteng Han Tan Kong cileungsi 16820

? Vihara Metta Dharma Cileungsi 16820

? Klenteng Shia Tdjin Kong 16920

? Klenteng Han Tan Kong, madang 16721

? Penembahan Kraton Tanah Jawa,

? mbah Raden Surya Kencana

? mbah Jawa 16820

? mbah mega mendung 16820

? aki Jenggot 16820

? Ibu Ratu

Daptar Bupati Bogor

edit
No Ngaran Ngajabat Ahir Jabatan Wakil Bupati
1 Ipik Gandamana 1948 1949
2 R.E. Abdoellah 1950 1958
3 Raden Kahfi 1958 1961
4 Karta Dikaria 1961 1967
5 Wisatya Sasmita 1968 1973
6 Raden Mochammad Muchlis 1973 1975
7 H. Ayip Rughby 1975 1982
8 Soedrajat Nataatmaja 30 Desember 1983 30 Desember 1988
9 H. Eddie Yoso Martadipura 30 Desember 1988 30 Desember 1993
30 Desember 1993 30 Desember 1998
10 Kol. TNI (Purn.) H. Agus Utara Effendi 30 Desember 1998 30 Desember 2003
30 Desember 2003 30 Desember 2008 Laode Albert Pribadi
11 Drs. H. Rahmat Yasin, M.M 30 Desember 2008 30 Desember 2013 Karyawan Faturahman
30 Desember 2013 24 Maret 2015 Hj. Nurhayati
12 Hj. Nurhayati 24 Maret 2015 Nepi ka ayeuna

Akun Media Sosial Resmi Pamarentah Kota Bogor Aya Promosi

edit

Upama nitenan salah sahiji akun media sosial resmi Pamarentah Kota Bogor, memang bisa dipake pikeun promosi. Sababaraha kali dina akun Instagram na sababaraha produk lokal sareng merek anu dipidangkeun dina tulisanna parantos ditingalikeun. [1]


Tumbu Luar

edit