한국   대만   중국   일본 
Jakarta - Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Jakarta

propinsi di Indonesia

Daerah Khusus Ibukota Jakarta ( Aksara Sunda Baku : ???? ?????? ?????? ???? ), disingget DKI Jakarta atawa Jakarta , nyaeta salah sahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonesia . Lantaran Jakarta minangka hiji dayeuh nu dijadikeun puseur dayeuh Indonesia, ku kituna Jakarta boga status nu sarua jeung propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa . Dina taun 2004 , legana kurang leuwih 650?km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.

Daerah Khusus Ibukota Jakarta
Lambang Jakarta

Lambang Daerah Khusus Ibukota Jakarta
"Jaya Raya"
("Jaya jeung Agung")
Peta lokasi Jakarta

Peta lokasi Daerah Khusus Ibukota Jakarta
Koordinat 5°19'12" - 6°23'54" LK , 106°22'42" - 106°58'18" BW
Dasar hukum
Tanggal penting 22 Juni 1527 (hari jadi)
Ibu kota Jakarta
Gubernur H. Anies Baswedan S.E., M.P.P., Ph.D. [1]
Lega 740,28 km 2
Pangeusi 8.792.000 (2004)
Kapadetan 16.667/km 2
Kabupaten 1
Kota 5
Kacamatan 44
Kalurahan/Desa 267
Suku Batawi (10%), Suku Jawa , Suku Sunda , Tionghoa (10%)
Ageman Islam (86%), Protestan (6%), Katolik (4%), Buda (4%), Hindu
Basa Basa Indonesia , basa Batawi , basa Jawa , basa Sunda
Zona waktu WIB ( UTC +7)
Lagu Daerah Kicir-Kicir

Ramatloka resmi: www.jakarta.go.id

(?)

Sajarah

edit
 
Jalan Jakarta dina Tripoli, Libya .

Jakarta dipikawanoh minangka palabuan di muhara Walungan Ciliwung . Asal-usulna bisa dijujut ti jaman Hindu dina abad ka-5 . Urang Eropah nu munggaran datang ka Jakarta nyaeta urang Portugis . Dina abad ka-16 , pangereh ti Portugis dibere idin ngadegkeun benteng di Sunda Kalapa .

Asal-usul milangkala Jakarta kaping 22 Juni nyaeta ditalukeunnana Sunda Kalapa ku Fatahillah taun 1527 , oge lantaran kitu ngaran dayeuhna diganti jadi Jayakarta nu hartina "kameunangan".

Urang Walanda datang ka Jayakarta ahir abad ka-16 dina taun 1619 , VOC dipingpin ku Jan Pieterszoon Coen nalukkeun Jayakarta sarta saterusna ngarobah ngaran dayeuhna jadi Batavia . Dina jaman Walanda, Batavia tumuwuh jadi kota gede tur penting.

Erehan ku Jepang dimimitian taun 1942 sarta ngaganti ngaran Batavia jadi Jakarta keur narik hate pangeusina dina mangsa Perang Dunya II . Kota ieu oge minangka tempat Proklamasi Kamerdekaan Republik Indonesia tanggal 17 Agustus 1945 tur ditempatan ku Walanda nepi ka diakuna kadaulatan taun 1949 .

Dina Mei 1998 , kajadian karusuhan di Jakarta nu sasarannana lolobana urang Tionghoa . Gedong MPR/DPR dicicingan ku mahasiswa nu kahayang reformasi . Ahir tina karusuhan ieu nyaeta turunna Presiden Soeharto tina korsi kapresidenan.

Basa

edit

Karajaan Tarumanagara anu puseurna di Sundapur, kungsi diserang sarta ditalukkeun ku karajaan Sriwijaya ti Sumatera . Ku lantaran kitu etnis Sunda di palabuan Sunda Kalapa laer samemeh Sumpah Pemuda . Masarakatna geus ngagunakeun basa Malayu anu umum dipake di Sumatera saterusna dijadikeun minangka basa nasional. Alatan beda basa anu dipake, dina awal abad ka-20 , Walanda nganggap jelema anu bubuara di sabudeureun Batavia minangka etnis anu beda jeung etnis Sunda sarta disebut etnis Batawi (kecap turunan tina Batavia). Sanajan kitu loba keneh ngaran wewengkon sarta ngaran walungan anu masih tetep dipertahankeun make basa Sunda saperti ngaran-ngaran Ancol, Pancoran, Cilandak, Ciliwung, Cideng (anu asalna tina Cihideung sarta saterusna robah jadi Cideung sarta ahirna jadi Cideng), sarta ngaran-ngaran sejenna anu masih luyu jeung ngaran-ngaran tempat anu digambarkan dina naskah buhun Bujangga Manik anu ayeuna ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris .

Sanajan basa formal anu dipake di Jakarta nyaeta Basa Indonesia , basa informal atawa basa gaul sapopoe nyaeta Basa Indonesia dialek Betawi.

Basa daerah oge dipake ku anu asalna ti wewengkon sejen, saperti basa Sunda , basa Jawa , basa Minang , basa Batak , basa Madura , basa Bugis , oge basa Tionghoa . Hal ieu lumangsung alatan Jakarta minangka tempat rupa-rupa seke seler panggih. Pikeun komunikasi di antara rupa-rupa seke seler, dipake Basa Indonesia.

Iwal ti eta, mucunghul oge basa gaul anu tumuwuh di golongan nonoman kalawan kecap-kecap anu sakapeung dicampur jeung basa deungeun. Sababaraha conto pamakean basa ieu teh Please dong ah!, Cape deh!, sarta So what gitu loh!.

Basa Inggris mangrupa basa deungeun anu panglobana dipake, utamana pikeun kapentingan diplomatik , atikan , sarta bisnis .

Budaya

edit

Minangka puseur dayeuh Indonesia , Jakarta ngirut pendatang ti sakumna Indonesia, alatan kurang ratana kamekaran di puseur sarta wewengkon ngabalukarkeun arus urbanisasi anu gede. Urbanisasi ieu pisan anu mawa sagala rupa budaya asup ka Jakarta. Suku-suku anu nyicingan Jakarta di antarana Urang Batawi , Jawa , Sunda , Minang , Batak , jeung Tionghoa .

Budaya Batawi minangka padumuk asli rada kasilih ku budaya sejen boh ti Indonesia boh budaya deungeun. Pikeun ngamumule budaya Batawi, diadegkeun cagar budaya di Dinya Babakan .

Budaya sejen anu oge has di Jakarta nyaeta basa gaul anu diomongkeun ku para rumaja . Sawatara conto pamakean basa ieu teh Please deh ah! sarta So what gitu loh! .

Musik tradisional atawa modern di Jakarta ngagambarkeun ngahijina antarbudaya sarta etnis. Pangaruh ti luar Indonesia asalna ti Walanda , Tiongkok , Portugis , Arab sarta India . Komo nepi ka ayeuna, Jakarta masih dianggap kiblat pikeun kamekaran musik di Indonesia.

Pikeun musik tradisional di Jakarta, kawas tanjidor sarta gambang kromong , aya pangaruh etnis ti luar Jakarta Sunda kawas pamakean rebab sarta tarompet tradisional . Saterusna pangaruh deungeun kawas Trombone sarta Gitar ti Eropa sarta sawatara wirahma musik tradisional Tionghoa .

Seni ibing di Jakarta mangrupa ngahijina antar unsur-unsur budaya anu aya di jerona. Mimitina seni tari di Jakarta mibanda pangaruh ti Sunda sarta Tionghoa kawas ibing anu mibanda corak tari Jaipong kalawan kostum penari has pamaen Opera Beijing . Tapi Jakarta bisa dingaranan wewengkon anu pangdinamisna. Sajaba ti seni tari heubeul oge mecenghul seni tari jeung gaya sarta koreografi anu dinamis.

 
Gedong pencakar langit di Jakarta

Carita rahayat anu mekar di Jakarta, sajaba ti carita rahayat anu geus dipikawanoh kawas Si Pitung , oge dipikawanoh carita rahayat sejen kawas serial Jagoan Tulen anu ngalalakonkeun jawara-jawara Batawi boh dina pajoangan boh kahirupana anu katelah "heuras". Sajaba ti ngadongengkeun jawara atawa jawara dunya pasilatan, oge dipikawanoh carita Nyai Dasima anu ngagambarkeun kahirupan jaman kolonial.

Sajaba ti budaya musik, tari-tarian sarta carita rahayat, balarea Batawi oge mikawanoh seni lenong sarta topeng batawi Si Janthuk anu kiwari geus dianggap langka.

Demografi

edit
Taun Jumlah pangeusi
1870 65.000
1875 99.100
1880 102.900
1883 97.000
1886 100.500
1890 105.100
1895 114.600
1901 115.900
1905 138.600
1918 234.700
1920 253.800
1925 290.400
1928 311.000
Taun/Tanggal Jumlah pangeusi
1930 435.184
1940 533.000
1945 600.000
1950 1.733.600
1959 2.814.000
31 Oktober 1961 2.906.533
24 September 1971 4.546.492
31 Oktober 1980 6.503.449
31 Oktober 1990 8.259.639
30 Juni 2000 8.384.853
1 Januari 2005 8.540.306
1 Januari 2006 7.512.323*

* (id) data 1 Januari 2006 sumberna ti Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta

Jumlah pangeusi di Jakarta kira-kira 7.512.323 ( 2006 ) tapi lamun beurang, angka ieu nambah marengan datangna para pagawe ti kota satelit saperti Bekasi jeung Depok . Kota/kabupaten nu pangpadetna nyaeta Jakarta Timur kalayan jumlah pangeusi 2.131.341 jiwa, sedengkeun Kapuloan Seribu mangrupa kabupaten nu pangeusina pangsaeutikna, nyaeta 19.545 jiwa.

Basa nu digunakeun di Jakarta nyaeta basa Indonesia . Basa daerah oge digunakeun ku para pangeusi nu saseler, tur ku sabab di Jakarta loba pisan seke selerna, basa Indonesia nu dipake. Iwal ti eta, mucunghul oge basa gaul nu tuwuh jeung mekar di kalangan barudak ngora, tur kecap-kecapna sakapeung dicokot tina basa deungeun.

Ageman nu dianut ku masarakat DKI Jakarta kacida rupa-rupana kaasup di antarana kalima ageman nu diaku ku pamarentah Indonesia ( Islam , Kristen , Katolik , Hindu , jeung Budha ) Tempat ibadah ageman-ageman eta oge aya di Jakarta contona:

Pamarentahan

edit

DKI Jakarta mibanda status husus minangka Daerah Khusus Ibukota . DKI Jakarta ieu dibagi jadi lima kota jeung sa kabupaten , nyaeta:

Transportasi

edit
 
Jakarta Pusat

Jero Kota

edit

Di DKI Jakarta, aya jaringan jalan raya jeung jalan tol nu ngalayanan sakuliah kota sanajan dina kanyataanaana jumlah mobil henteu sabanding jeung jumlah jalan oge (5-10% jeung 4-5%).

Numutkeun data ti Dinas Perhubungan DKI, kacatet aya 46 kawasan nu kalayan 100 titik simpang rawan macet di Jakarta. Definisi rawan macet nyaeta arus henteu stabil, kecepatan handap sarta antrian panjang. Kawasan nu miboga leuwih ti opat titik simpang rawan macet nyaeta:

MRT Jakarta

edit
 
MRT Jakarta

MRT Jakarta nyaeta sistem Transit Gancang anu nganggo Kareta rel Listrik di Jakarta . Proses pangembangan mimitian 10 Oktober 2014 diresmikeun tanggal 24 Maret 2019. [2] MRT ieu anu geus beroperasi nyaeta Fase 1 (Lebak Bulus - Bunderan HI) anu liwat sabaraha stasion nyaeta:

LRT Jakarta

edit
 
LRT Jakarta

LRT Jakarta nyaeta salasahiji sistem angkutan cepat kalawan Kareta api Ringan (LRT) anu direncanakeun diwangun di Jakarta, Indonesia. Aya 2 panaratas LRT di Jakarta, Pemprov DKI nu ngawangun LRT dina dalam kota nyaeta LRT Jakarta. LRT ieu dioperasikeun ku PT LRT Jakarta (Anak pausahaan Jakpro). LRT Jakarta ieu nu kiwari dioperasikeun nyaeta Fase 1 (Pegangsaan Dua - Velodrome) anu liwat sabaraha stasion nyaeta:

Nomor Stasion Ngaran Stasion Katerangan
Fase 1
S-01 Pegangsaan Dua KWK: U13
Tungtung
S-02 Boulevard Utara Jak Lingko : JAK 24, JAK 59, JAK 60, JAK 61
KWK: U13
Deukeut jeung Mall Kelapa Gading
S-03 Boulevard Selatan Jak Lingko : JAK 59
KWK: U04
S-04 Pulomas Transjakarta : [[Koridor 2 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] [[Koridor 2 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] (di halte Pulomas )
MetroTrans/MiniTrans : 2B, 2E
Jak Lingko : JAK 24, JAK 33, JAK 59
Transjabodetabek: Pulo Gadung-Cibinong
Mayasari Bakti : R507
KWK: U04
Mikrolet : M53
S-05 Equestrian Jak Lingko : JAK 33
S-06 Velodrome Transjakarta : [[Koridor 4 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] [[Koridor 4 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] [[Koridor 4 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] (4H) [[Koridor 4 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] (4K) [[Koridor 7 Transjakarta| Citakan:Transjakarta symbol ]] (7M) (di halte Pemuda Rawamangun )
MetroTrans/MiniTrans : 11A
Jak Lingko : JAK 17, JAK 26, JAK 34, JAK 59
Transjabodetabek: Rawamangun-Bogor
Mayasari Bakti : P98A
Metromini : 47
KWK: U04
Mikrolet : M02, M46

KRL Commuter Line

edit
 
KRL Commuter Line

KRL Commuter Line (samemehna KRL Commuter Jabodetabek) nyaeta layanan jalur kareta rel listrik anu dioperasikeun ku PT Kereta Commuter Indonesia, anak pausahaan PT Kereta Api Indonesia . [3] [4] KRL geus beroperasi di wilayah Jakarta ti mimiti taun 1976 nepi ka kiwari ngalayanan ruteu komuter di wilayah DKI Jakarta , Kota Depok , Kota Bogor , Kabupaten Bogor , Kota Bekasi , Kabupaten Bekasi , Kabupaten Lebak , Kota Tangerang , Kabupaten Tangerang , sarta Kota Tangerang Selatan . [3]

Transjakarta

edit
 
Beus Transjakarta

Transjakarta nyaeta sistem angkutan Bus Rapid Transit (BRT) anu pertama di Asia Kidul Wetan dan Kidul , nu parantos operasi saprak taun 2004 di Jakarta , Indonesia . Sistem ieu dirancang dumasar kana sistem TransMilenio anu sukses di Bogota , Kolombia . Transjakarta dirancang minangka moda transportasi massal pangrojong aktivitas ibu kota anu sangat padat. Transjakarta nyaeta sistem BRT anu jalur lintasan tarpanjang di dunia nyaeta 230,9?km, sarta ngabogaan 243 stasion BRT (samemehna disebut halteu) yang tersebar dalam 13 koridor (jalur), anu mimitina beroperasi ti jam 05.00 - 22.00 WIB , sareng ayeuna beroperasi 24 jam dina sabagian koridor.. [5]

Pariwisata

edit

DKI Jakarta miboga sababaraha tujuan pariwisata saperti:

Tempo Oge: Musium-musium di Jakarta

Permasalahan

edit

Permasalahan sosial

edit
 
Budak nangtung di wewengkon kotor di Jakarta.

Posisi DKI Jakarta minangka puseur paekonomian geus ngarojong pandatang ti luar Jakarta jeung luar Jawa daratang pikeun neangan rejeki di Jakarta. Loba di antara nu daratang ka Jakarta teu dibekelan ku kaahlian jeung katerampilan husus, nepi ka dampak sosial nu sok mucunghul nyaeta masalah pangangguran nu patali jeung masalah kamiskinan sarta kriminalitas .

Jumlah pendatang di Jakarta (2002-2005)

edit
Taun Eksodus Influks Perbedaan
2002 2.643.273 2.874.801 231.528
2003 2.816.384 3.021.214 204.830
2004 2.213.812 2.404.168 190.356
2005 ? 200.000-250.000*

Catetan: * perkiraan
(id) Sumber: Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta

Permasalahan lingkungan

edit
 
TPA di Bantar Gebang , Bekasi

Polusi udara jeung runtah mangrupa masalah nu disanghareupan di Jakarta. Iwal ti eta, Jakarta biasana jadi langganan banjir nalika usum hujan sabab mangpetna saluran cai jeung beuki kurangna leuweung di daerah Bogor jeung Depok .

Imah Adat

edit


Pakarang tradisional

edit


Kadaharan

edit

salah sahiji kadaharan tradisional Jakarta nyaeta Kerak Telor jeung Soto Betawi .


Tempo Oge

edit

Tumbu Luar

edit