Lucia Francisca Susi Susanti atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Susi Susanti nyaeta salah sahiji pamaen badminton nu geus kasohor ka sakuliah dunya. [1] Lahir di Tasikmalaya Jawa Barat tanggal 11 Februari 1971 . [2] Karesepna kana badminton geus aya ti jaman di SD keneh. [2] Ngamimitian karir dina widang badminton di klub mamangna, PB Tunas Tasikmalaya. [1] Sanggeus latihan salila 7 taun, Susi jadi pinunjul badminton tingkat junior. [1] Taun 1985 pindah ka Jakarta sarta sakola di sakola husus atlet. [1] Dina awal karirna taun 1989 Susi geus jadi jawara di Indonesia Open . [2] ti saprak harita, Susi tuluy meunangkeun sawatara kompetisi badminton kayaning jadi jawara All England ( 1990 , 1991 , 1993 , 1994 ) tug nepi ka jadi Juara Dunia dina taun 1993 . [2] Puluhan gelar kungsi dicangking ku Susi Susanti sapanjang karirna dina widang badminton. [1] Sanggeus pangsiun ti dunya badminton, Susi jeung salakina Alan Budikusuma nyieun Olympic Badminton Hall di Kelapa Gading minangka gedung pusat pelatihan badminton sarta nyieun reket kalawan merek Astec (Alan-Susi Technology) dina taun 2002 . [1] Bulan Mei 2004 International Badminton Federation (kiwari Badminton World Federation ) mere pangleler Hall Of Fame ka Susi Susanti. [1]
Tanda Kehormatan Republik Indonesia Bintang Jasa Utama taun 1992. [2]